Enya nya,  teu kapikir.  Sacara teu dihaja, sakumna etnik sejen anu kungsi ka 
Jawa Barat, komo bari jeung cicing rada lila, pasti aya sakecap dua kecap basa 
Sunda anu dipikawanoh.
Kalolobaanana anu katoong ku si kuring, sababarah disertasi (S3) di UI, 
ngabahas perkara basa indung dina kulawarga anu kawin beda etnik/sukubangsa. 
Can aya (atawa can kanyahoan) disertasi anu ngabahas, kecap atawa basa mana anu 
paling dipikawanoh ku para seler/sukubangsa di Indonesia. Eta meureun upama 
dijieun disertasi, "cetek' pisan topikna, atawa heunteu "ngilmiah".

Tapi jigana mah, ayeuna basa batawi anu paling dipikawanoh teh. Sok bae 
tengetan di stasiun televisi (anu staisuna di peuseur dayeuh ibukota nagara) , 
pasti kaluar kecap "lu" jeung "gue". 

Jiga ayeuna wae, kecap naon anu paling sering aya di sagala media jeung jadi 
bahan omongan jalam?
Pasti SBY, JK, MEGA.

baktos,

mrachmatrawyani

--- On Fri, 5/15/09, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:

From: mj <ja...@itenas.ac.id>
Subject: [Urang Sunda] lalakon basa sunda
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Friday, May 15, 2009, 10:45 AM











    
            
            


      
      


mun ngayakeun survey, basa mana nu panglobana 
dipake di nusantara, nya dumasar ka jumlah populasi mah meureun basa jawa. basa 
nasional bisa kadua atawa katilu, sabab dipakena ngan di tempat jeung antar 
manusa nu tangtu. meureun mayoritas di pake di jakarta jeung kota-kota 
gede.
 
mun aya survey, basa indung nu mana nu panglobana 
dipikawanoh ku dulu seler sejen, atawa seler sejen barisaeun, bisa jadi basa 
sunda.
alesanana kahijina, geus ti baheula mula, sebut we 
jaman sukarno sakola di bandung. manehna jadi bisaeun jeung maher basa sunda. 
sigana kitu oge nu sejen seler ti mana mendi. 
 
mun di banding wilayah nusantara nu panglobana 
didaratangan, nya jakarta, kaduana tangtua wilayah pasundan, tatar sunda, 
bandung jeung sabudeureun jakarta.
sanajan sigana kaayeunakeun teu kabeh nu ngumbara 
ka urang daraek diajar basa sunda, utamana 'kelas atas' ku keterbatasan gaul 
jeung lingkungan. sanajan cenah di itb baheula loba kadenge basa jawa, dipake 
ku 
urang jawa nu kuliah di dinya, tangtuna maranehna oge jadi barisa basa sunda, 
hususna nu gaul. mun aya survey loba mana urang sunda bisa basa jawa jeung 
urang 
jawa atawa seler sejen bisa basa sunda, tangtu urang sunda eleh. da us nu 
ngumbara di lembur batur, leuwih saeutik ti seler sejen nu ngumbara di urang. 
hehe. 

 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke