Hehehe. Keun eta mah tiasa saha wae. Tiasa Teh Roro, Kang Endoel
atawa saha wae. Ayeuna mah urang antosan heula, kumaha kasayogian Ki
Leuksa. Ngarah komplit profesi wanoja Urang Sunda teh, apan kamari mah
geuning aya beja wanoja Sunda tukang terjun payung. Tah ayeuna urang
tambahan wanoja Sunda juru dongeng.
(mh)

2009/5/19 Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com>:
>
>
> MH? Ih, naha nunjuk ka abdi? …  puguh sora abdi mah teu halimpu jiga Mang
> Jaya (puguh da pameget heheh).
>
> Abdi mah sok hoyong wae gumujeng mana bebelepbepan deuih ari nyarios the
> heheh… ke tapi InsyaAllah bade dicobian. Tawiskeun oge kanu sanes atuwh,
> supados rame. Saha nu pangsaena, tah eta nu dicandak... :)
>
>
>
> ro2
>
>
>>>> khs...@gmail.com 05/19/09 09:32AM >>>
> Haturan Ki Leuksa, wiulujeng tepang sareng sim uing,
> ti pasisian Garut Kaler.
>
> Asa teu kabayang ti anggalna, bakal tepung sareng
> tukang dongeng, najan ukur di dunya maya.
>
> Inget taun 80-an, ari ngabandungan dongeng teh,
> ngadon ngagimbung di pipireun imah tatangga.
>
> Ki Leuksa, jigana hade, upama tradisi ngadongeng
> di radio tiasa dikembangkeun di Internet.
>
> Kumaha carana? Jigana bisa rereongan jika kieu:
> Ki Leuksa nyusun naskah carita dongeng, kira-kira
> durasina 5-menitan; teras postingkeun ka milis;
> Saterusna Teh Roro sina macakeun dongengna,
> sarta direkam, husus sorana wae tong make dipirig
> musik; teras simpen file mp3-na di goah publik;
> terus kang Irfan, atawa saha wae nu tukang
> multimedia moles file mp3 dipirig ku musik, rekam
> hasilna postingkeun ngaliwatan podcasting.
>
> Mangga, wilujeng ngabaladah Dongeng Sunda
> ngarambah Internet.
>
> nuhun
> mh
>
>
> 

Kirim email ke