Kaharti, jigana aya benerna...
Teraskeun, sok mikir sing puluk, meungpeung can aya nu nyaram.
Saha nu terang, ka payun mah aya deui lolongkrang nu piuntungeun, untung pikeun 
nanjeurkeun pamor Ki Sunda ! Lain untung ku Rp...

--- Pada Jum, 8/5/09, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> menulis:


Dari: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
Topik: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Re: Sunda jeung politik?
Kepada: "Urangsunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, kisu...@yahoogroups.com, 
baraya_su...@yahoogroups.com
Tanggal: Jumat, 8 Mei, 2009, 2:27 PM








> From: Rahman
> Kira2 na naon anu jadi musabab na nya Kang yen manusa Sunda TEU bisa 
> mingpin, tapi dipingpin batur wae?

Lamun nu ieu mah bisa dikira-kira. Dasarna mah masyarakat Sunda teh feodal 
jeung kabagi-bagi. Tatar Sunda pan panglilana dikawasa Walanda 350 taun, 
samemehna ku Mataram. Pangawasa Sunda nu ngabdi ka Walanda pan henteu hiji, 
tapi sababaraha kolompok pangawasa gumantung ka wilayah (bupati). Bupati ieu 
diangkat ku Walanda tapi didasarkeun heula katurunan kakara kamampuan. 
Sanajan kitu Walanda moal ngangkat jadi bupati sanajan turunan oge lamun teu 
nunjukkeun prestasi nanaon. Jadi elite sunda di jaman kolonial memang teu 
biasa "bersaing keras" kulantaran kawatesan ku turunan, jelema geus 
ditangtukan posisina lain ku usahana. Akibatna aya sikep "santai" dina moro 
kakawasaan sabab teu mungkin anak si Cepot ngarep-ngarep jadi Bupati, cenah 
engkena ukur jadi "Dalem Boncel".

Tapi waktu jaman di pergerakan (awal abad 20) aya sabagian elite (menak) 
lapis kadua nu sarakola tapi teu jadi pamongpraja (sakola dokter, hukum, 
guru). Tah elite ieu nu aktip dina pergerakan. Mucunghul tokoh-tokoh sunda 
pergerakan Sunda nu progresip siga Oto Iskandiranata, Iwa Kusumahamntri, 
Gatot Mangkupraja ...jrrd. Di Tatar Sunda oge mucunghul koran Sipatahoenan, 
koran pergerakan. Jadi tepi ka samemeh Merdeka sabenerna eksistensi Sunda 
teh masih kuat. Kitu deui waktu Merdeka tepi ka ........... Kartalegawa, ex 
bupati Garut ngadeklarsikeun Nagara Pasundan.

Tanggtu we ieu nyababkeun urang Sunda pergerakan jadi "kikuk" sabab 
sabenerna urang sunda nasionalis teh para turunan elite (=menak) oge. Jadi 
tina segi status sosial sarua jeung Kartalegawa. Keur nunjukkeun kasatiaan 
ka Republik, supaya teu dicurigaan batur ......para "menak" nasionalis ieu 
"kapaksa" miceun saeutik "Sunda"na.

Aya oge kajadian nu nguciwakeun urang Sunda. Waktu hijrah ka Yogya, loba 
pagawe kantor di Bandung nu teu ngilu hijrah ka Yogya, ceuk cenah mah 
dianjurkeun ku Bung Hatta, supaya engke lamun geus dikawasa Indonesia 
administrasi henteu kacow. Tapi waktu kadaulatan Indonesia diaku ku walanda, 
aya aturan ti pamarentah: Nu teu hijrah ka walanda pangkatna turun, nu jadi 
kapala dieureunkeun, diganti kunu hijrah ka Yogya. Tangtu we ieu matak 
piambekeun urang Sunda, sabab sabagian gede pagawe teh urang Sunda. Ditambah 
deuih ....nu ngaganti teh ...loba urang Jawa!. Akibatna aya pergerakan di 
Tatar Sunda, sababaraha urang dihukum. Keur nu sejen (para elite Sunda) nu 
nasionalis ieu oge matak "kikuk", miceun deui nu bau-bau "Sunda" 
.......(kapaksa! ).

Aya hiji carita ti babaturan, cenah almarhum Mang Ayat (Prof Ayat Rohaedi 
dosen UI) kungsi ngadongeng waktu anjeunna jeung rerencanganana ngadegkeun 
perkumpulan mahasiswa Sunda di Jakarta terus nyuhungkeun pelindungna Pa Umar 
Wirahadikusumah nu nuju nyepeng Pangdam Jaya, Pak Umar nolak, ku alesan 
anjeunna sanes milik urang Sunda tapi milik bangsa Indonesia!.

Jadi sigana mah ku kajadian-kajadian ieu, elite sunda jadi sieun 
popolitikan nu MAMAWA SUNDA, da sieun dituduh primodialisme (kasukuan). 
Sikep elite ieu, lila-lila NEPA ka "akar rumput" . Ditambah deuih di "akar 
rumput" aya kajadian gede DI/TII!

Urang Sunda cenah kuat islamna tapi ku mucunghulna DI/TII nyababkeun para 
Ajengan jadi "kikuk" sarua jeung nu kaalaman ku para elite menak. Kitu 
salah, kieu salah .....tungtungna sikepna sarua, jadi "anti politik" oge.

Pangalaman-pangalam an traumatis ieu sigana nu "diwariskeun" ka urang-urang 
ayeuna!

[Pangapunten bisi salah, ieu mah da ngacapruks ,,,,hehehehe]

Baktosna,
WALUYA

















      Berselancar lebih cepat. Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk 
Yahoo! otomatis membuka 2 halaman favorit Anda setiap kali Anda membuka 
browser. Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

Reply via email to