Ku: Kebo Hideung â€" 28 Dec 2005 @ 16:56 • Kategori: Teu Puguh

Unggal malem Ahad kabeneran kang Aris sok kabagean ngaronda, heueuh da Kang 
Aris mah pagawe negri, jadi ki RW ge ngarti dina ngatur jadwal ronda teh. Anu 
pagawe negri jeung anu digarawe di luar kota, tugas ngarondana dihijikeun di 
malem Ahad, ceunah ambeh teu tunduh digawena, da isukna pakanci ieuh. 
Aturan ki RW teh meunang pangrojong ti istri-istrina anu digarawe di luar kota, 
ceunah ambeh mulangna saminggu sakali. Jadi kabiasaan lamun pas poe Jum’at 
loba henpon disarada, singhoreng anu bagean ngaronda malem Minggu anu garawena 
di luar kota ngaririm sms, ceunah eusina sarua kieu unina, “Mah gimana 
keadaan… bapak mau pulang nih.” 
Terus sms teh dibales aya nu ngajawab, “Buruan Pah, Mamah menanti.” Aya nu 
ngajawab, “Rek mulang mah mulang we, ngan Ibu nuju M ayeuna mah.” Jeung 
rea-rea deui jawabanana. 
Hiji mangsa Kang Aris sabalad-balad ngaronda, kurang leuwih jam salapan peuting 
maranehna geus ting gareplek ngabanting-banting kartu gapleh. Malahan si Mas 
Warlan mah geus dihelem, da kabagian ngocok kartu, geus jadi kabiasaan di perum 
mah, anu ngocok teh nu jadi RT oge diheleman sagala atawa sina ngalahun kohkol 
anu dijieun tina tangkal nagka. 
Heuleut dua jam beuteung Kang Aris kekerebekan menta parab, “Mas cikan urang 
ngaliwet… lapar geuning,” cek kang Aris. 
“Jeng naon liwetna Pak Aris?” tembal Mas Warlan (baca make logat jawa anu 
medok). 
“Sok siapkeun we beasna Mas, tah kastrol namah aya di Pak Endang, keun we 
teko jeung geulas mah ke sayah nyandak,” saur kang Aris mere komando ka balad 
ngarondana.
“Jeung naon atuh nya dengeuna, pe’da euweuh, lauk kudu ngecrik heula, 
hoream leuleutakanna” gerendeng kang Aris bari ngaleos ka pipireun imah Kang 
Romi RT di lingkungan eta. Maksud teh deuk kahampangan, kabeneran gigireun imah 
Kang Romi aya tangkal jambu. Barang sacercerna…. pluk we aya nu murag kana 
sirah kang Aris, nya baseuh nya bau… Gebeg kang Aris reuwas teu aya dikieuna, 
bari tanggah ka luhur. 
“Jadol teh siah modolan aing, teu uyahan… hayam saha atuh ieu teh?” kang 
Aris gegelendeng. Jigana mun hayam bisa ngomong mah meureunan ku hayam teh di 
jawab kieu, “Ari ente naha atuh teu nyakola pisan, kiih kana tangkalkeun jaba 
bari nangtung… kampret teh.” Tapi da kitu ari hayam mah teu bisa ngomong, 
komo make basa Sunda mah, ngan eta hayam surti dicarekan ku kang Aris teh, 
kulusak-kulisik bari jeung disada kok… kok kok kok.
Beres nyeletingan oge miceunan tai hayam tina sirahna, Kang Aris gura-giru ka 
pos ronda bari sura-seuri bangun nu atoh. “Mas…. aya hayam jago euy urang 
pencit, lumayan rada badag da,” cek kang Aris ngabejaan baladna.
Mas Warlan: Dimana Pak Aris ayamnya? (kahade nu ieu mah macana make logat jawa 
nya… sok balikan deui macana)
Kang Endang: Nusaha kitu hayamna?
Kang Aris: Tuh..dina tangkal jambu, da sayah ge dipodolan tah ku siborokok, 
bari ngusap sirahna terus diambuan.
Kang Endang: enya nu saha hayamna, tanya kang Endang panasaran
Kang Aris: Lah teuing atuh nusaha, keun we mun aya nu ngakumah urang gantian 
isukan. paling dua puluh rebueun.
Mas Warlan: Hayu atuh Pak Endang kita tangkap, ayamnya
Kang Wawan: Siap lah… cikan senterna urang bawa.
Bring opatan arindit, terus nyalingker bari keketeyepan ngadeukeutan tangkal 
jambu anu di luhurna aya hayam jago keur nundutan. “Mas… sekarang mas 
naik… pegang kaki sama jangjangnya, terus papacokna bekem make sarung 
okeh..!?” cek kang Aris bari pepeta. 
“Wah atuh jangan pake sarung sayah atuh Pak Aris, nanti bau,” tembal si Mas 
Warlan. 
“Halah tinggal nyeuseuh atuh mas…” cek kang Wawan. 
“Sok atuh Mas, geuwat naek… kade bisi kagareuwahkeun hayamna,” cek kang 
Aris
Daek teu daek si Mas Warlan kalacat naek kana tangkal jambu, bari ngagerendeng, 
“Dasar wong males kabeh.” Gep… suku hayam ditewak, kerewek awak hayam 
diringkus, terus sirah hayam dibuntel ku sarung… bari maca mantra, 
“Meneng… meneng… meneng,” ceunah. Hayam ngagurubuk sakeudeung, jrut 
turun. tuluy ngalabring deui ka pos ronda.
Kang Aris: Tah ngarah adil ayeuna sayah bagean meuncit, Mas warlan bagean 
nyekelan jeung ngabersikeun bulu oge jeroan, Kang Wawan bagean masak, Pak 
Endang bagean ngaliwet, okeh…?”
Mas Warlan: Ke he’la Pak Aris, kok sayah kebagean yang gak enaknya saja?
Kang Aris: Ayeuna kieu, mas mau apanya, ati, dada, atawa pahanya boleh milih.
Mas Warlan: Wah… kalo sayah senang Ati sama pahanya, bari seuri.
Kang Aris: Makana tong waka protes…
Beres mencit hayam terus tingketeprek marasak, heuleut sajam satengah, liwet 
katut daging hayam geus siap saji, plok liwet di amparkeun kana daun cau… 
terus arandekak sila nyanghareupan liwet. Barang keur babagi daging, jol teh 
Kang Romi ngalangkung, “Wah aya liweut yeuh…” cek kang Romi bari 
cinggogo. 
“Aeh Kang Romi sok ah sakantenan, tah geuningan aya daging,” ajak kang 
Aris. 
“Ari atina aya keneh teu?” tanya Kang Romi bari rurat-reret neangan ati. 
Mas Warlan surti gura-giru Ati jeung pingping hayam dibubuykeun kana liwet 
angkeuhan manehna. 
“Mas Warlan wayahna nya, eta paha jeung atina kanggo Kang Romi, kudu ngelehan 
atuh ka sepuh mah,” cek kang Aris. 
“Lhaaa… kan itu masih ada kakinya sama jangjang.” tembal Mas Warlan.
“Huss… maenya orang tua dikasih ceker sama jangjang?” tembal Kang Aris. 
Kang Romi bari cinggogo teu wani mairan, da bisi salah ucap, keur mah embung 
dibere ceker jeung jangjang mah. 
Akhirna si Mas Warlan kabagean jangjang jeung ceker. Terus we balakecrakan… 
balotram. Beres balotram nu opatan mah ngararengkol di pos ronda, ari Kang Romi 
mah terus we mulang.
Isuk-isuk kurang leuwih jam 6, di masjid aya nu ngawawarkeun yen tadi peuting 
aya nu kaleungitan hayam jago, pokna teh kieu, “Assalamu’alaikum wr.wbr… 
pangumuman keur warga RT… oge kanggo tatanggi RT… bilih aya anu mendakan 
hayam jago, anu ciri-cirina buluna warna beureum semu hideung, beuratna kurang 
leuwih aya kana 4,5 kiloan, papacokna seukeut, mangga geura serahkeun ka bumi 
sim kuring, alias Pak Romi… Hatur nuhun. Assalamu’alaikum Wr. wbr.”
Gebeg kang Aris ngagebeg reuwas… Halah boa-boa nu tadi peuting dipeuncit 
hayam Kang Romi…” gerendeng kang Aris. “Tapi keun wae lah da manehna oge 
ngiluan ngadahar,” bari goledag deui kana dipan, da tunduh keneh. 
Teu lila panto imah aya nu ngetrokan, bari aya nu uluk salam. 
“Assalamu’alaikum, Pa Aris… Pa Aris…!”
“Waalaikumsallam… mangga kalebet…” Bray panto dibuka, “Aeh geuning 
Kang Romi. Mangga calik. Aya naon ieu teh asa rareuwas…”
Kang Romi : Lain kieu Ris… uing teh rek aya nuditanyakeun
Kang Aris : Perkawis naon kitu kang?
Kang Romi : Eta basa tadi peuting ngaliwet hayamna timana euy?
Kang Aris : Puguh eta teh meunang nimu tina tangkal jambu gigireun bumi Akang.
Kang Romi : Haaaaaaaahh… buluna warna naon?
Kang Aris : Beureum semu hideung (bari heuay… kaciri tunduh keneh)
Kang Romi : Tobaaaaaaaaaaaaattt Ris, eta mah hayam uing atuh….!!! jaba ge 
hayam adu… eta teh
Kang Aris : Keun we atuh Kang, urang duitan, sabaraha hargana?
Kang Romi : Ti heula meulina tilu ratus rewu, tapi saminggu katukang geus aya 
nu nawar lima ratus rewu…!
Kang Aris : Euleuh… geuning mahal???!! Tah kang, kuring mah bogana saratus 
rebu (bari ngasongkeun duit).
Kang Romi : Mal enya hayam adu anu geus jadi dihargaan sakitu?
Kang Aris : Aeh ari akang, kapan hayam na oge tos nyiruruk dina beuteung, 
malihan akang ge nuang atina sareng pingping… 
Kang Romi dikitukeun mah ngahuleng… bangun handeueul.
Kang Romi : Keun we atuh, urang bawa duitna (bari gap duit ditarima).
Tuluy kang Romi pamitan……………Assalamu’alaikum

Cag...
Kebo Hideung / Mang Utas ~Tasikmalaya, ditulis  27/12/2005 jam 10 wengi.


Kirim email ke