nuhun kana pidu'a ti sadayana.

nuhun oge ka bah willy. sigana si andiw lancar sakolana oge rada aya jasa bah 
willy. sabab baraya bah willy, dosena jadi bageur. nuhun ah. heuheu..

perkawis lab di jurusanana, tonk beja-beja. kantos jadi tempat kos si andi 
kirang langkung dua taun. sare na meja cenah atawa na sleeping bag paranti 
kemping. mun teu di lab, di himpunan, da kungsi jadi ketua hmgm, oge di PSIK. 
unit kegiatan msiswa nu baheula mah panggalakna ka pamarentah. fadjroel rahman, 
jrrd, aktivis psik. haha

kadang-kadang sok sirik ka si bungsu teh. kungsi ka puncak ciremai, gunung 
panjangkungna sa tatar sunda, oge ka semeru, pangjangkungna sapulo jawa. bari 
tara bebeja, ngan balik mawa foto2na. tara bebeja da pasti moal diidinan cenah. 
heuheu

si kuring mah perlu 4 taun ti lulus bisa ngulampreng + naek pesawat ka luar 
nagreg, si andiw mah keur kuliah keneh. basa pendak jeung kang Mikihiro di ANU 
canberra oge pendak Aki Achdiat Kartahadimadja.

enya karuh. teu rineh heula, teu hayang menikmati masa hirup sorangan, pisah 
jeung geng sakola. langsung we. sigana alatan bungsu, teu gaduh adi cocoan. 
haha.

keur kuliahna ge boro-boro mandi, nyisiran ge tara. haha alesanana teh, da 
mahasiswa itb cenah. bedul, pedena maratan langit haha. beh dieu, aya laporan 
ti ua sasmita, pendak jeung andi cenah. andi ayeuna mah kilimis. sihoreng geus 
payu, aya nu daekeun. anak planologi. haha.

salaku lanceuk panggedena, tangtoz ngaraoz jongjon si bungsu tos beres sakola 
bari langsung damel, teu kantoz ngetem masa tunggu. ngan keukeuh we sok 
kabayang basa sajam manehna karek borojol. beureum keneh, geunteul jeung semu 
monyong. haha. ayeuna geus rek kawin. nyerelengek waktu teh gening.



insya Allah si kuring jeung dulurs sejena ngapung ka underwood aka balikpapan 
ping 17 juni da cenah aya acara adat heula nu kudu diluuhan. bade ngangge adat 
full jawa. sepuh istrina urang solo-malang-ponorogo. kamari rada ribut milari 
keris sunda cenah pikeun acara adatna. hese atuh perlu waktu. lah jieun 
gampangna we atuh. di solo aya cenah keris pajajaran. sigana lain asli, ngan 
ukur modelna model keris pajajaran.

muhun tiketna cgk-blp teh asana sajutaan pp. janten uleman ieu panginten ka nu 
di balikpapan we utamana. sugan pendak sareng kang Kosam oge abah abbas amin. 
ka baraya sanesna mah neda pidu'ana we supadoz lancar salamet sadayana. 

> Wilujeng ka Andi, mani gagancangan euy, beda jeung lanceukna ...hehehe. Inget 
> ka Andi teh waktu kuring ulin ka jurusan tempat Andi sakola. Keur anteng we 
> ngobrol jeung babaturan nu jadi dosen di jurusan tempat Andi sakola, di gang 
> pas panto laboratorium, Ujug-ujug aya nu ngageroan; "BAH, geuning aya didieu?"
> 
> Kuring rada rungah-ringeuh, bet aya nu ngageroan "BAH" ka kuring. Ari 
> disidik-sidik geuning Andi. Babaturan kuring heraneun pisan naha kuring 
> disebut "Abah" ku mahasiswa, langsung nanya:
> 
> "Masih saudara?", cenah
> "Iyah", ceuk kuring teh.
> 
> Sakali deui wilujeng, hanjakal jauh euy, tapi apal lebah-lebahna mah grand 
> senyaur teh, ngan acan kungsi meuting di hotel eta teh, mahal ...hehehehe
> 
> Baktosna,
> WALUYA

>

Kirim email ke