Keom Kahiji Balik ti pangajian bi Icih langsung nyirintil nyampeurkeun salakina, mang Juha anu keur manco dihareupeun tipi,keur nongton berita politik. Bari ngudaran kudungna pok bi Icih ngomong. "Ari mindeng aub ka pangajian mah geuning saeutik saeutik nyaho kana batal haram!" "Heueuh alus, ngan leuwih alus jeung leuwih payus make kudungan ulah ngan ukur indit kapangajian wungkul, lanjutkan atuh keur sapopoena!" jawab mang Juha make istilah anu mindeng kadenge dina iklan kampanyeu capres. "Ah lebih cepat lebih baik dilaan, teu kuat ku retepna atuh da, dina sirah asa loba sieuran sing gereyem!" ceuk bi Icih teu eleh geleng. "Tuh nya ari kana pibeneran mah sok hese!" "Lain hese, tapi hoream milampahna. Aeh enya kakara inget, tadi mamah ustadzah mere wejangan masalah solusi kulawarga sakinah!" "Kumaha cenah?" "Kieu, sakumaha ambekna kanu jadi pamajikan omat cenah ulah nepikeun ka ngucapkeun tuluk talak, sabab ceuk hukum agama mun geus ngucapkeun nukitu hartina geus ragrag talak hiji. Coba inget inget deui, naha apana pernah kalepasan ngomong kawas kitu?" "Alah ieuh...heueuh kungsi!" "Nu bener apana....dimana jeung iraha?" "Basa aya nayub, dihareupeun ronggeng pisan, ceu dewek kieu...sok ah talak tilu!"
Keom Kadua Adun dititah setor duit ku bosna ka bank BDB (Bunganya Dikit Banget), sanggeus ngantri sajam satengah kakara nepika hareupeun teler. Bitis cangkeul balas ngantri,ngadadak kaubaran lantaran patugas teler teh gamuleng pisan. "Bleg we Manohara!" gerentes Adun bari neureuy ciduh. "Selamat siang bapa, saya Mona, maap dengan bapa siapah?" ceuk patugas teler ramah pisan saluyu jeung program eta bank anu keur ngajalankeun program 4S, Senyum Sapa Sampai Sempoyongan. "Sayah Adun, lengkepnyah Adun Suradun, biasa dipanggil Hendrik, zodiak Scorpio,hobi paling suka......!" "Cukup....cukup...pa Adun cukup. Silahkan mau setor?" "Betul neng Mona, sayah teh mau setor, silahkan inih uangnyah!" bari ngaburulukeun duit kencring lima ratusan tina kaneronna. Sanggeus ngitung duit aya kana sajamna,pok neng Mona ngomong. "Setelah sayah hitung uangnyah pas yah pa Adun!" "Lah kalau lebih mah, buat neng Mona ajah, itung itung mahugi!" "Terima kasih pa Adun, silahkan, inih setorannyah sudah masuk ke rekening bapa Acim Suracim sebesar 500juta. Ada yang bisa sayah bantu lagih pa Adun?" "Aduh kebetulan atuh neng Mona, sayah teh sudah lama ngajomlo, teu percaya mah nih lihat tarang sayah dari hari kehari terus ngalegaan balas ngajomlo, kira kiranyah neng Mona bisa bantu kang Adun kitu?" "Maap pa Adun, yang lain sudah banyak yang mengantri!" "Alah lain tibaheula atuh ketemu teh neng Mona, jadi sekarang sudah banyak yang mengantri nya? Kaporotan deui yeuh!" "Bukan begituh pa Adun, maksudnyah banyak mengantri untuk setor, gara-gara pa Adun antrian dibelakang pa Adun sudah ada setengah kilonyah!" "Baik kalau begituh. Walau berat meninggal tempat inih, tapi akan kucoba ayungkan langkah inih neng Mona!" ceuk si Adun bari leos ninggalkeun neng Mona anu mimiti ngembang kadu lantaran karek harita pisan meunang nasabah kawas kitu. Satengah jam tiharita neng Mona ngajenghok lantaran nu dihareupan teh geuning si Adun deui. "Selamat siang! Mau setor lagih pa Adun?" "Ah tidak neng Mona, mau titip pesen ajah buat neng Mona seorang!" ceuk si Adun bari gutrut nulis dina keretas sacewir song dibikeun. Pas dibaca neng Mona serengeh lantaran eusina kieu:"Kutunggu kepastianmu walau seribu tahun harus menunggu!" nu peryogi buku keom sakedap mangga pilari dibooks city manawi aya keneh. syam ridwan