bah wily aya beja cenah si vaksin meningitis teh aya nu teu ngandung babi.
nu nyieunna malaysia. upama teu jadi naek haji/umroh mah jigana budak yatim
ge seueur keneh nu kudu dibantu. yayasan-yayasan sosial masih keneh muka
panto keur nu bade nyumbang :)

2009/6/12 waluya2006 <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > Amat Hanafi <amat.han...@...> wrote:
> > Ari urusan halal jeung haram mah pan tos aya ahlina, nyaeta LPPOM
> > MUI.  Nya urang serahkeun wae ka ahlina.  Ari Depkes jueng Depag
> > mah pan hanteu nerbitkeun sertifikasi halal, nya lain ahlina atuh
> > depag jeung depkes mah.  Da ari Depag mah pan tukang ngawinkeun
> > tugasna oge..!
>
> Nu matak Kang, MUIna siga nu bingung, sabab divaksin meningitis teh
> diwajibkeun ka Jamaah Haji/ Umrah ku Pamaretah Arab Saudi. Cenah kungsi aya
> kajadian wabah meningitis nerekab di para Jamaah Haji (meningitis = radang
> otak). Hanjakalna vaksin meningitis dijieun make enzym babi, acan aya ti
> sato sejen (tingali berita dina detikNews). MUI geus naros ka kedubes Arab
> Saudi, tapi dugi ka ayeuna teu acan ngajawab .....
>
> Tah umpama kitu, kudu kumaha umpama urang bade naek haji/ umrah? Teu jadi
> wae kitu, sabab lamun teu bisa nembongkeun geus divaksin, bakal dibalikkeun
> deui ka Indonesia atawa visana teu kaluar? Atawa nungguan fatwa ulama Arab
> Saudi wae, supaya langkung afdol ???
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke