Seratan ti Kang Oman, memang kedah kitu pisan, dibaladah sacara sistemik tapi oge solusina dibejerbeaskeun prak-prakanana. Tiasa janten hiji proposal, diajukeun ka para capres anu rek jadi presiden.
Kamari ngobrol sareng pun bojo, hiji mangsa mah cenah pun bojo teh kadongkapan saurang bapa-bapa ti hiji LSM hususon nguruskeun anu aya pakaitna sareng TKI/TKW di nagri deungeun. Eta LSM teh tugasna masihan sosialisasi sagala perkara ka para TKI anu aya di nagri deungeun. Ceuk bapa eta teh, cenah seueur dana ti pausahaan anu ngabeayaan LSM eta pikeun ngajelaskeun perkara anu aya pakaitna jeung TKI. Ngan eta LSM teh kawalahan, kakirangan SDM pikeun ngokolakeun urusan ka TKI an. Ti pihak instansi pamarentah sareng swasta responna luar biasa positif ngabantos kagiatan LSM eta. LSM eta teh sok sering ngayakeun penyuluhan kanggo TKI di Hongkong, Taiwan, Korea, jrrd. Ieu teh hiji kasempetan, sing saha wae anu rek jadi relawan dina urusan TKI, ari perkara imbalan mah, langkung ti cekap cenah. baktos, mrachmatrawyani --- On Fri, 6/12/09, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote: From: oman abdurahman <omana...@gmail.com> Subject: [Urang Sunda] Siti Hajar urang Garut To: kisu...@yahoogroups.com Cc: "urang sunda" <urangsunda@yahoogroups.com>, ta...@yahoogroups.com Date: Friday, June 12, 2009, 2:16 PM Baraya, Poe kamari Siti Hajar, TKW asal Garut anu keur nandangan sangsara di pangumbaraan, nagara tatangga, Malayasia tea, ditelepon ku Presiden. Pasoalanana, tangtu geus loba nu apal. Lain Presiden caper alias cari perhatian, tapi, memang geus rezekina Siti Hajar wae, meunang panyombo lain ti jalma samanea di Indonesia, tapi ti pimpinan pamarentahan pangluhurna: Presiden Indonesia danget ieu. "Sing sabar wae nya, siti Hajar....jst". Kurang leuwih kitu diantara potongan kalimah pangbeberah ka Siti Hajar ti Presiden. Atuh Siti Hajar alhamdulillah atoh bari ingsreuk-ingsreukan oge. Sahenteuna, ditelepon ku pa Presiden anu dipikaresep, utamana ku ibu-ibu (ceuk cenah). Inget kana kasus Siti Hajar Garut, jadi inget oge ka Siti Hajar isterina Nabi Ibrahim. Sarua nandangan sangsara, ngan bedana oge gede. Ari Siti Hajar ibuna Nabi Ismail mah sangsara teh jadi hiji cara ibadah, nyaeta kasabaran nalika dikantun ku caroge, bulak-balik antara Sofa jeung Marwa neangan cai, jeung kasabaran nalika Isma'il dibawa ka tempat pameuncitan keur korban (anu teu jadi tea da digantian ku "dzhibhim kadzim" alias peupeuncitan anu badag, kitu ceuk Al Qur'an). Sangsara Siti Hajar anu ti Mekkah mah sangsara keur syarat jadi isteri tuladan sadunya, syarat keur lahirna hiji manasik (tatacara ibadah), tangtu kasangsaraanana oge bisa jadi disyukuran pisan. Anapon kasangsaraan Siti Hajar anu ti Garut mah meh sakabeh bangsa urang manghanjakalkeun, manglebarkeun, jeung papada nganaha-naha: Naha bisa nepi ka kitu (diseblok ku Cipanas ku juraganana, gajihna teu dipasrahkeun samemeh diurus ku Pamarentah mah, jst? Dimana fungsi Pamarentah samemehna? Memang aya hal anu pantes jadi diconto (hartina bisa jadi ibadah oge) dina kasus Siti Hajar Garut oge, upamana wae: kasabaran nalika nandangan nyanghareupan kahirupan anu peurih. Tapi, ari diseblo ku cai panas atawa teu mayar gajih karyawan atawa badega mah lain hiji cara ibadah atawa turutaneun.