Peuting tadi dina TVone, Menkes Siti Fadillah jeung MUI ditepungkeun, kitu oge ketua BPOM (Badan Pengawas Obat dan Makanan). Ceuk ketua BPOM, vaksin Meningitis 100% teu ngandung DNA Babi, manehna geus mariksa di laboratorium, ngan waktu nyieunna make katalisator nu tadina diturunkeun tina enzym babi. Tapi Bapa ti MUI tetep nyebutkeun haram sabab geus "kapapar" ku unsur Babi. Cenah nu "bersinggungan" jeung babi, kabawa haram.
Nempo padungdengan dina TV ieu , ras kuring inget padungdengan di Kusnet baheula, perkara sains jeung Agama. Harita ceuk kuring, agama jeung sains mah bakal hese nyambungna. Tah kasus ieu salah sahiji buktina ..... ----- Original Message ----- From: H Surtiwa Tah ummat Islam diuji deui ku siga tatarucingan yeuh...hese pisan..ah anu bade rudet mangga anu henteu wae mangga..ngan mun abdi bade ka mekah deui pasti bakal divaksinasi maeningitis...bahaya na nyata..usaha hirup keur ngalarapkeun ibadah Islam. Ari saupami "saleresna" eta vaksin haram..anu can tangtos da seueur teuing fatwa...nya eta mah dihadepan wae sebagey resiko nganut Islam jeung Gusti Allah....