Nya ari anu kararieu mah pan tos jelas cekap ku sakali wae ibadah haji teh.
Anu sok mindo sareng anu sok ngalakukeun rutin ..oge abdi mah yakin
terangeun pisan kana ajaran ieu teh. Tapi ayeuna ..kunaon ari terang eta sok
mindo atawa rutin..tangtu seueur motifna..mendingan ulah
dipadungdengkeun..pasti umuna tos terangeun motifna..rupi2..Tapi maslah anu
hakiki..nyaeta...kumaha ngahimbau anu sok mindo tapi bari ngan ukur ku
himbauan ngalihkeun kana anu "langkung mangfaat"...Naon anu langkung
mangfaat teh dina pandangan maranehna ? Tah..tah ieu anu hese ditampi ku
golongan maranehna..paling2 jawabana " Nyaho naon maneh soal
sadekah..inpak...ngahajikeun batur..nyantunan anak yatim...nyieun masigit".
Ari gerakan ngahimbau ulah mindo mah sae pisan...tapi hese ngayakinkaeun eta
ongkos naek haji anu teu dianggo teh kanggo hal2 sejen...paling balik deui
kana buku tabungan. Memang ngaranna oge gerakan moral pasti idealis.
Berjuang terus..!

On 6/15/09, ua duq <dudi.herlia...@gmail.com> wrote:
>
>
>
> nuhun bah iwa, ieu mah patarosan teh leupas tina masalah vaksinasi
> meningitis. kuring jigana mabok ku carita dongeng (asana mah sababara kali
> kuring nulis ieu dongeng di dieu teh, bakating ku resep we) ngeunaan
> salasaurang calon haji. cek ujaring eta carita, aya hiji jalma nu rek indit
> naek haji. manehna geus nyiapkeun kabeh biaya keur indit nedunan ondangan nu
> maha suci eta, ngan teu lila saacan manehna indit ka mekah didatangan ku
> tatanggana nu ngumaha panulung sabab manehna keur karoroncodan. teuing naon
> masalahna mah da kacaturkeun we si calon haji tea bedo indit sabab biayana
> ledis dipake nulungan si tatangga. tah basa bulan haji kaliwat si haji bedo
> tea kadatangan saurang lalaki dina ngimpi. eta lalaki teh nepikeun beja ka
> kang haji bedo yen manehna kaasup kana golongan haji nu mabrur.
>
> sikuring ge alim nyebut, nu disebut ku abah, jalma jegud nu remen zakat,
> sedekah, infaq, ngadegkeun masigit, nyeponsoran anak yatim, bari unggal taun
> naek haji teh teu alus, sae eta ge. ngan langkung hade, cek kuring mah upama
> beya naek haji MINDO jst. nu di urang mah kawilang kacida gedena teh dipake
> keur nambahan ibadah-ibadah nu boga sipat hablum minanas leuwih badag eta.
>
> kuring boga pamikiran, tapsiran sejen tina salasahiji sarat utama naek
> haji, mampuh tea. tapsir ieu ukur dumasar kana uteuk kuring nu can pernah
> dipake diajar rupa-rupa elmu tapsir nu aya, nu geus mapan. tapsiran kuring
> teh nyaeta sarat mampuh di dinya henteu wae si jalma nu deuk naek haji teh
> mampuh nedunan kabutuh manehna sorangan jeung kulawargana salila nemonan
> kahajianna tea, tapi oge eta jalma-jalma nu aya di sabudereun si calon haji
> teh oge geus kabeh mampuh nedunan kabutuhan, sahenteuna nu
> pangleutik-leutikna. kakara sarat wajibna ibadah haji teh katedunan.
>
> memang upama mikir kitu dina kaayaan model ayeuna jadi mumbul pertanyaan,
> iraha atuh bisana urang minuhan rukun islam pamungkas teh? da mun ditingali
> masalah-masalah baraya nu kurang teh jigana moal erep satungtung umur.
> palebah dieu kuring mah ukur tiasa ngajak, saperti nu kapungkur
> digalindengkeun ku bah soma bu erum sabalad-balad 'inohong di bojong
> rangkong', hayu urang nyeungseurikeun diri, naliti nastiti, nyarita balaka
> ngarampa ceda nu aya! hayu urang nyagap hate.
>
> duq!
> ketua gerakan NAEK HAJI SATU PUTARAN SAJA! :D
>
> 2009/6/15 H Surtiwa <surt...@gmail.com>
>
>>
>>
>> Teu anu sapamedegan jeung anu kieu mah atuh..pasti hade. tangtosna anu
>> kedah dihanjakalkeun teh au teu zakat anu teu sadekah anu teu inapak tapi
>> terus2an rutin naek haji atawa umrah rutin unggal taun. Tah didieu kudu
>> disaimbangkeun (eta oge mun maranehna daekkeun). Tapi sok aya oge jelema
>> jegud anu rutin zakat, sedekah (malah anggota sababaraha grup sosial) ,
>> inpaq, ngadirikeun masjid, sponsor bea siswa Anak yatim islam..tapi kahajina
>> oge rutin unggal taun....Tapi mun arek ka Mekah (rek dagang atawa rek umrah
>> atawa rek naek haji atawa rek naek haji deui)...meningan divaksnasi
>> meningitis..kumargi digurun..eta bakteri menigitis teh subur kembang
>> biakna.......
>>
>>
>> On 6/15/09, ua duq <dudi.herlia...@gmail.com> wrote:
>>>
>>>
>>>
>>> bah, hoyong naros dorongan naon nu panggedena hoyong ka mekkah deui teh?
>>> abdi mah sok nganggap ibadah haji teh kaasup kana ibadah (punten) 'onani',
>>> asa leuwih hade ongkos ka haji nu mindo nilu ngopat ngalima jst di alihkeun
>>> kana ibadah nu leuwih gede sipat sosialna misalna jakat, inpak jeung
>>> sodakoh. nuhun...
>>>
>>> 2009/6/15 H Surtiwa <surt...@gmail.com>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Tah ummat Islam diuji deui ku siga tatarucingan yeuh...hese pisan..ah
>>>> anu bade rudet mangga anu henteu wae mangga..ngan mun abdi bade ka mekah
>>>> deui pasti bakal divaksinasi maeningitis...bahaya na nyata..usaha hirup 
>>>> keur
>>>> ngalarapkeun ibadah Islam. Ari saupami "saleresna" eta vaksin haram..anu 
>>>> can
>>>> tangtos da seueur  teuing fatwa...nya eta mah dihadepan wae sebagey resiko
>>>> nganut Islam jeung Gusti Allah....
>>>>
>>>> ,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>  
>

Reply via email to