Sagu? Eta mah basa Indonesia lain? Baheula basa keur SD mah kadaharan urang 
Maluku. Kumaha mun diSundakeun jadi aci? Pan aci the aya dua tina sampeu jeung 
tina kawung. Lian eta kawung oge sok ngahasilkeun lahang paragi nyieun gula 
beureum. Diwadahan na awi surat nu badag, rada disengkongkeun tungtungna jiga 
"bambu runcing". Waas, baheula basa keur leutik mun ningali tukang lahang nu 
sok nyolendangkeun awi, disebut Pahlawan. Wado, contona tos kakoncara wewengkon 
nu sok ngahasilkeun gula beureum. 
 
Cing aya paribasa "ngabulu kawung" naon hartina?

ro2

>>> dudi.herlia...@gmail.com 06/15/09 11:09PM >>>
kolot kuring, pa inotji jeung pa eman, kungsi ngadongeng, dipenta 
bongbolonganna ku bupati bogor naon nu bisa dijadikeun 'kenang-kenangan' keur 
wali salasahiji kota di cina nu rek dianjangan. dua kolot kuring teh nyebut 
kawung! duka tah naha eta bongbolongan teh diturut bupati henteuna mah :)

tah saterusna mah rek nanya, ngeunaan sagu kawung, aya teu carita dina naskah 
tea ngeunaan kagunaan si sagu eta. naha cara urang wetan nu ngajadikeun sagu 
salaku kadaangan pokokna? atawa kumaha?

nuhun, salam ti pangeusi kota kawung, bogor tea

duq!

Kirim email ke