Hapunten.....
Bade ngiringan di forum ieu...
Nami abdi teh di pasihan ku pun rama namina Taufik
Kawitna ti tangerang .... lahir sareng ageung di tangerang
Dambel di Bekasi tepatna di Cibitung dikawasan MM2100
di pabrik Elktronik
upami di ijinan... abdi hoyong miluan di komunitas ieu....
Mudah mudahan wae langgeng sareng gaduh saderek sareng keluargi anyar...
Hapunten upami bahsana teu siga nu sanes ..... ditangerang sareng bekasi mah 
Sundana benten...
Hatur nuhun ....

  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, June 15, 2009 1:01 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] ITOK-proxy





  'proxy' teh mun disundakeun mah bisa disebut 'panglayar'.
  contona kieu: kang dudi hayang wanoh ka neng anggi, tapi teu wani pok
  sorangan da inggis ku bisi rempan ku sugan tea, nya ngumaha ka kang oman
  sangkan pangnepikeun pamaksudanana. tah kang oman teh jadi 'proksi'
  antara kang dudi jeung neng anggi. hehehe. kang dud, enya kitu neng anggi
  ngaranna teh?

  jigana hade tah upama kecap 'panglayar' nu asli sunda diadopsi keur 
narjamahkeun
  kecap 'proxy', da di-indonesia-keun mah asa kurang ngeunah kadengena,
  jadi 'mak comblang'. sakalian bari kampanye migunakeun basa sunda.

  (mh)

  2009/6/15 irpan rispandi <mr.rispa...@gmail.com>:
  > [Attachment(s) from irpan rispandi included below]
  >
  > Proksi.
  > gampang na mah kitu we nyebutna.
  >
  > Naon ari proxy teh?
  > Lamun urang rek kaluar tina hiji komplek perumahan sistem cluster, tangtu
  > urang kaluar ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang anu dijaga ku
  > saspam  :) .  Urang moal bisa kaluar ngaliwatan jalan sejen, sabab panto
  > kaluar asupna ngan hiji.
  >
  > Analogi proxy oge kurang leuwih kitu. Lamun urang hayang kaluar ti komplek
  > komputer (LAN) sangkan bisa gabung jeung jalma sejen di dunya Maya
  > (Internet), urang kudu ngaliwatan jalan utama jeung pintu gerbang. Tah pintu
  > gerbang ieu teh nya si proxy tea.
  >
  > Ari bentuk fisikna si proxy teh, nya mangrupa komputer keneh. Sarua jeung
  > komputer-komputer sejenna. Bedana, dina komputer anu jadi proxy, aya program
  > proxy server-na, saperti Internet Gateway, Squid Proxy, jsb.
  >
  > Dina komputer proxy ieu, bisa ditempatkeun satpam, anu tugasna mariksa
  > saha-saha wae anu rek asup jeung kaluar ti jaringan komputer urang. Kapanan
  > kadang-kadang urang lamun rek muka website-website porno, sok aya pesen
  > "access denied", he..he..he...
  >
  > Supaya komputer urang bisa nyambung ka internet, program internet browser
  > urang kudu diseting heula sangkan ngagunakeun proxy anu aya di jaringan
  > urang. Pikeun program Internet Explorer, urang ngarobah setingan proxy teh
  > di :
  > Tools --> Internet Options --> Connections --> LAN Settings -->
  >
  > centang pilihan "Use a proxy servers ..... ", terus eusikeun IP komputer anu
  > jadi proxy server jeung portna. Ngeunaan IP jeung Port, engke sugan kahareup
  > urang bahas sacara husus.
  >
  > Sakieu heula, mugia mangpaat.
  > Aya nu rek nanya?
  >
  > (Pede banget,  he..he..he.. )
  >
  > --
  >
  > Attachment(s) from irpan rispandi
  >
  > 1 of 1 Photo(s)
  >
  > Internet Options.JPG
  > 


  

Kirim email ke