Mangga calik kang Wawan!
Geuning urang sumedang yeuh

Seueur urang sumedang didieu, ngan nyakitu sok jaloledar ka lembur sorangan, 
kalebet abdi, biasa sok kapahung dilembur batur, padahal teu tebih tebih teuing 
ngumbara teh ngan ukur di batawi.

Lila lila mah sumedang dirawu batur, da sok ditaringalkeun he he....

Sok ah sing betah!

baktos,
syam ridwan



  ----- Original Message ----- 
  From: Wawan Setiawan K 
  To: ism...@rakhman.com ; urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, June 15, 2009 6:22 PM
  Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun







  Tipayun, sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka nu gaduh milis urangsunda 
jalaran parantos ngawidian sim kuring pikeun janten anggota milis ieu.

  Nepangkeun, nami Wawan Setiawan Kusmayadi. lembur sim kuring di Sumedang, 
wewengkon desa Cibitung kecamatan Buahdua. Nanging ayeuna sim kuring nuju 
ngumbara di Pekanbaru. 

  Nu namina di pangumbaraan, tangtos wae emut ka lembur. nya tanah sunda pisan. 
sim kuring sok milarian seratan-seratan basa sunda ngeunaan sajarah, 
kabudayaan, tur sagala rupi hal ngeunaan urang sunda. Sim kuring ngaraos kacida 
bingahna sabab tiasa mendakan milis urang sunda di internet, anu mudah-mudahan 
tiasa ngaping sim kuring sangkan langkung mikawanoh tur mikacinta ka tatar 
sunda.

  Mugia ngalangkungan milis ieu sim kuring tiasa tepang sareng baraya-baraya 
sim kuring nu kantos papendak di alam nyata, supados tiasa langkung 
ngaraketkeun duduluran. Oge teu hilap ka kadang wargi nu tacan uninga, sing 
janten baraya boh di alam maya oge di alam nyata.

  Sakitu nu kapihatur.

  baktosna,
  Wawan.



------------------------------------------------------------------------------
  Berselancar lebih cepat. 
  Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk Yahoo! otomatis membuka 2 halaman 
favorit Anda setiap kali Anda membuka browser.Dapatkan IE8 di sini! (Gratis)

  

Kirim email ke