Wilujeng enjing baraya
Aya dongeng yeuh, saliwat mah
siga dongeng si Jay, tapi ieu mah ngaran bungbuahan dina basa Sunda ti
A-Z, suwer sanes kenging abdi, tapi kenging nyutat ti Laughterside
pangkulian.
nyanggakeun,
“A” ...Apel!”
“B?” “Buah Apel”
“C?” “Ceuk kuring ge kan apel!”
“D?” “Dibejaan apel!”
“E?” “Emang apel, kan?”
“F?” “Fruit apel!”
“G?” “Geus nyaho apel!”
“H?” “Heueuh apel!”
“I?” “Ituh-ituh geura...kan apel!”
“J?” “Jelas-jelas apel
keneh!”
“K?” “Kehed teh dibejaan
apel!”
“L?” “Lain titatadi teh
apel?”
“M?” “Monyong teh..geus
nyaho apel!”
“N?” “Nu kitu teh apel!”
“O?” “Ooooh...Apel
geuningan?”
“P?” “Pan apel keneh!”
“Q...?” “Qitu-Qitu ge
jawabanna apel yeuh!”
“R?” “Rarasaan apel
keneh-apel keneh!”
“S?” “Sabodo teuing, nu
penting apel!”
“T?” “Tuh kan dibejaan oge
apel!”
“U?” “Urang mah dah
jawabanna hayang apel!”
“V” “Vikir ku maneh, apel
keneh!”
“W?” “Wayahna jawabanna apel
nya?”
“X?” “Xira-xira mah apel,
euy!”
“Y?” “Yaaaa....apel atuh!”
“Z?” “Zibezaa`aan. .. APEL!!!!”