Baraya,

Mulang ka lembur, nanya ka pun adi nu kiwari rek ka SMP ngeunaan Ujian 
Nasional. "Bisa henteu ujianna?" Ceuk kuring. Jawabna "Babari, da dibejaan ku 
guru." Adi kuring nu ieu mah sabenerna rada hese narima pelajaran teh, komo 
matematika mah, da basa 'diwurukan' pelajaran kelas 4 oge hesena 
a'udzubillah..kari-kari ayeuna babari migawe soal ujian. Kapialo sarua deuih 
basa ditanya teh, jawabanna sarua: "Babari, da dibejaan ku Guru." 

Kasus di luhur keur kolot mah matak bingung, kapegung meureun. Kolot nu budakna 
bodo hatena marudah. Dina pikirna, "na budak aing teh bodo-bodo teuing. Tapi 
untung ketah sakitu ge, dibejaan keneh ku guruna. Tapi ketang, boa guruna nu 
belet! Teu bisa ngadidik anak aing nepi ka bisa ngajawab soal Ujian. Ah, nu 
penting mah anak aing lulus, bae pas-pasan oge."

Keur budakna, teu jadi matak. Paling ngabejaan ka adi-adina nu kakara kelas 4. 
"Keun bae nan, teu kudu ngapalkeun, da aceuk ge kamari dibejaan ku Guru!"
Keur guruna, matak gering pikir. Mun budakna teu lulus ujian, hartina manehna 
teu bisa ngatik ngadidik murid kalayan bener. Mun budakna lulus ku cara 
dibejaan, angger ngarasa dosa. Acan tekenan ti kepala Sekolah, nu sieun 
kawiwirangan mun seug muridna teu lalulus. 
Keur pamarentah, nu kieu mah kasus leutik lah.. tujuan NASIONAL nu leuwih 
jembar kudu bisa dihontal! teu bisa ditawar!

Antukna, pihak sakola jeung pamarentah papinter-pinter, silih akalan. Ujian 
Nasional jadi 'pakalangan' pikeun silih akalan. 

Nu watir, nya adi uing, kapialo uing. Ongkoh kudu diajar jujur, tapi diwurukan 
ku 'wawadulan'. Keur mah diajar ngagawean soal di imah ge nepi ka leweh-leweh, 
ngiluan les itu les ieu, maca buku itu maca buku ieu. Pangajarannana oge kacida 
reana, Ilmu Bumi, Ilmu Sosial, Ilmu Budaya Dasar, Basa Indonesia, Matematika, 
Lingkungan Hidup, Agama, PPKN, basa Inggris, basa Sunda, Kasenian, jeung 
lian-lianna deui matak murel kana uteukna. Kurikulum nu sakitu hesena teh 
deuih, teu kapake basa Ujian mah. 

Maca tulisan Pa Elin Syamsuri dina Cahara Siliwangi, watir ka budakna, nu 
unggal poe kudu mamanggul tas eusina buku-buku leuwih ti lima kilo, mulangna 
disambung ku les, sakola agama, geus magrib ngaji, tuluy ngerjakeun PR, sare, 
subuh kudu hudang, geus mamanggul tas deui. Matak, cenah, budak teh nepi ka 
bongkok, pecekrek. Bangsa urang nyebut bangsa 'kate' ka bangsa Jepang jaman 
perang, meureun kiwari mah, sabalikna.

Baktos
-AG-



      

Kirim email ke