waduh siah, naha bet jadi kieu?
ke..ke..ke... mang Subur, ke heula. ulah waka kitu. ke heula. ke heula.
naha bet luluasan kitu, mang Subur teh.
kuring jadi ngarasa 'nggak enak', lamun kieu carana.
Ulah 'resign' atuh mang Subur.
Pleaseee............



subur natapradja wrote:



Assalamu'alaikum wr wb

Ka para kuncen sareng ka para sesepuh anu aya di Kusnet ieu, Nami sim kuring Subur M Natapradja, email sim kuring nata1...@urang-sunda.or.id <mailto:nata1466%40urang-sunda.or.id> ( anu sok di angge )....punten abdi parantos nyerat anu kirang sapagodos sareng dulur2 sadayana, kumargi kitu, akang neda pitulung ka saha bae kanggo nga delete email akang ti group ieu, sanes akang mutuskeun babarayaan, malihan mah ku akang tos di anggap dulur nyalira anu mana sim kuring hoyong tepang sareng sadayana upami nuju aya di lembur kangge ngaraketkeun silaturrahiim, paralun anu kasuhun, justru akang resep tur betah di ieu babakan teh, margi seu-eur seratan2 anu penting kanggo akang pribadi tur manfa'at, sareng sanaos akang tara ngintun email da kirang tina babasaan sareng rada kuper deuih, tapi satia macaan postingan anu dongkap ti sadayana, namung akang danget ieu mulai aya masalah sareng salah saurang anggota didieu nyaeta si irfan, janten akang alim ngaganggu ka anu sanes na mendingan akang weh anu ngundurkeun diri, kumargi alim ningal seratan si irfan deui, seja undur diri weh ti ieu babakan, akang ngahaturkeun nuhun pisan ka sadayana anu parantos ngabimbing akang tur masihan elmu2 boh agama atanapi kasundaan sanaos teu sacara langsung, mudah2an Allah ngabales ku kasaean nana amiin yaa robbal 'alamiin. sakali deui nuhun....nuhun...nuhun pisan ka sadayana...moal di hilapkeun kasaean palawargi sadayana ka akang.

Wassalamu'alaikum wr wb

S M Natapradja

Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail <http://au.mobile.yahoo.com/mail>




--

Kirim email ke