Kahatur : Mang jamal .

     Manawi ka angge ku akang saran abdi ieu, saena mah abdi weh di ' no mail ' 
keun heula sakumaha saran ti kang Tito, margi teu sadayana anggota milis ieu 
ararudud, janten seu-eur age anu satuju tur meryogikeun elmu pengetahuan 
sareng masukin ti si Irpan, da maneh na mah pinter gening, ari ti abdi mah teu 
aya pulunganeun nana,, tah upami abdi tos di ' no mail ' keun, abdi masih keneh 
ka angken ku sadayana salaku salah sahiji dulur diantara anggota Kusnet ieu , 
anu mana insya Allah moal  putus sareng Kusnet umum na hususna sareng wargi2 
sadayana, atuh irpan oge tetep aya didieu,da panginten seu-eur oge anu panuju 
jeung maneh na.
    Pamendak abdi mah sae kitu weh kang, email abdi di ' no mail ' keun heula, 
supados jempling deui, moal aya kalanjutan nana deui, ayem tengtrem sauyunan 
deui, sakumaha anu dipiharep ku sadayana, amiin.

Wassalam
S M Natapradja




________________________________
From: kamalinaan <kamalin...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, 30 June, 2009 6:04:19 PM
Subject: [Urang Sunda] re:perang rokok ri as






anjir...geus mimiti deui...

si kuring ge kasinggung, pan. kuring tukang udud. enya uing belegug, tapi teu 
rido disebut belegug ku maneh. maneh saha? maneh nu teu udud geus nepi kamana? 
bisa naon? bisa IT? geus nyieun program software naon? bisa nyieun model 
facebook?

uing bari udud, geus nyieun novel 6, buku referensi desain mebel 1, milu ngurus 
yayasan perceka, bari teu payu da nu nyumbang dana saeutik jeung eken, eta 
keneh eta keneh. maneh ngan ukur menta sumbangan buku. lain milu neangan dana 
ari teu bisa nyumbang mah.

sacara akademik, bari udud, kuring lulus s1, s2 ayeuna keur s3. bari udud pan. 
nyaho ti baheula ge udud teh teu hade. oge teu hade kabatur.

uing langganan kompas. maca eta tulisan lanceukna gunawan mohammad. nya kitu 
we. ngaheueuhkeun. nyaho ti baheula ge udud teu hade pikeun kasehatan. malah 
uing meunang oleh-oleh rokok dunhill ti malaysia dina bungkusna make gambar 
paru-paru kanser cenah. 

masalah basa, pan. forward artikel eta, postingkeun mah mangga, ngan teu kudu 
make babacaan teu perlu. teu kudu alesan soal basa kasar lemes. ieu teh milis, 
anggotana 3000 urang leuwih. 

uing teu rela mun baraya sejen anggota milis ieu kalabur alatan kalakuan 
tulisan ente nu sangeunahna. sumpah kajeun ente nu kaluar ti ieu milis.

kuncen #3
mang jamal





      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke