hehehe, noong kusnet keur harengheng euy. mun urang noong buku panduan wisata, sok aya jampe pamake pikeun ulin ka hiji tempat, judulna teh mun teu salah mah asana "do's and don'ts".
cing pikeun panduan urang komunikasi di milis, ngarah panjang umur, kira-kirana cara komunikasi nu jiga kumaha nu dipikaresep jeung nu teu dipikaresep ku urang. cing luangkeun waktu sakeudeung mah, keur ngotretkeun perkara jampe pamake di luhur. tong loba-loba, tuliskeun hiji nu dipikaresep jeung hiji nu teu dipikaresep, nu pakait jeung cara komunikasi di milis. (mh)