halo jay apa kabar jay? kumaha damang jay?
jay kumaha laku komporna?

************----*************
Asal connect ke internet anda dapat penghasilan, aktifkan browser selama
connect, anda mendapat penghasilan tiap 1 jam = $0,45 atau Rp4.500
Klik link ini dan regristrasi, penghasilan diterima via check (tulis alamat
lengkap) atau paypal: http://www.surfjunky.com/?r=inawan
----------------------------------------------------------------
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.multiply.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
ta...@yahoogroups.com
urangtasik.multiply.com


2009/7/2 Jay <jay_tukangkom...@yahoo.com>

>
>
> "Jay, tong udud wae maneh teh atuh!"
> "Naha kitu ?"
> "Haram deuleu !"
> "Ceuk saha ?"
> "Ih ari maneh, apanan geus aya fatwa-na yen udud teh haram"
> "Fatwa ti saha ?"
> "Ti MUI atuh!"
> "Majelis Ulama Indonesia ?"
> "Enya !"
> "Owh kitu ?"
> "Enya !"
> "Jadi, udud teh haram ?"
> "Enya !"
> "Mun udud haram, hartina ngalakukeun udud teh dosa atuh nya ?"
> "Enya !"
> "Komo mun bari nyundut pom bensin mah, heueuh ?"
> "Enya !"
> "Jadi status-na teh atuh ningkat ayeuna mah udud teh ?"
> "Ningkat kumaha ?"
> "Tadina mah apanan loba pendapat yen udud teh makruh,
> tuluy ayeuna jadi haram"
> "Enya kitu.."
> "Jadi teu meunang udud atuh ?"
> "Teu meunang!"
> "Mun roko-na haram teu ?"
> "Nya sarua !"
> "Ceuk saha ?"
> "Ceuk saha-ceuk saha.... apanan tadi geus disebutkeun ih!"
> "Enya ududna nu haram mah, ari rokona mah da teu haram ieuh.
> Haram soteh mun diudud !"
> "Ih, ari maneh...!"
> "Lain, apanan model daging bagong geuning, dagingna mah apanan
> teu haram. Tah, mun didahar, karek haram.."
> "Ah, ari maneh. Sok kamana karep"
> "Yeee, atuh Gusti Alloh ge moal nyiptakeun bagong ari bagongna
> sorangan haram mah. Keur nanahaon ?"
> "Nya eta mah urusan Gusti Alloh"
> "Cik, atuh boga uteuk teh digunakeun. Hal-hal anu teu jelas teh pikiran !"
> "Maksudna ?"
> "Model Fatwa oge. Ari Fatwa teh pendapat manusa anu ngabogaan unsur
> kira-kira jeung meureun keneh. Pendapat eta dumasar kana sagala
> sudut pandang, salah saratusna tina sudut pandang kasehatan jeung
> agama. Tah, udud ge dumasar kana sudut pandang kasehatan mah, matak
> ngarugikeun nu udud. Apan ngarusak kasehatan teh ceuk agama ge teu
> meunang."
> "Jadi maneh satuju atuh kana Fatwa Udud Haram teh ?"
> "Teu satuju !"
> "Ih, ari bieu ? cenah ceuk maneh udud teh ngarusak kasehatan ?"
> "Soal ngarusak kasehatan mah, sagala rupa ge bisa. Misalna, begadang,
> naek motor teu make baju, dahar loba teuing, komo tara barangdahar.
> Kabeh ge sarua we ngarusak kasehatan. Tapi naha teu diharamkeun ?"
> "Eta mah lain deui atuh !"
> "Kieu we atuh. Ceuk maneh, nu boga kakuasaan nangtukeun haram, wajib,
> sunah atawa makruh teh saha ?"
> "Nya Alloh atuh !"
> "Ari MUI Alloh lain ?"
> "Nya lain !"
> "Naha bet nyaruaan Alloh ?"
> "Maksudna ?"
> "Apan nu boga hak nangtukeun halal, haram, sunah, wajib, makruh teh
> Alloh.."
> "Enya.."
> "Nabi oge teu wani-wani nyebutkeun inih ituh haram, salian ti anu
> geus ditangtukeun ku Alloh"
> "Hmm.."
> "Nabi wae mun aya hal-hal anu teu jelas, sok tatanya ka Alloh heula.
> Ari MUI sok tatanya teu ka Alloh ?"
> "Teuing atuh.."
> "Bagong haram didahar. Haramna eta tuluy ditalungtik kunaon sababna.
> Sihoreng dina daging bagong mah loba mikroba anu ngarugikeun
> kasehatan. Sabab, hirupna oge kotor. barangdaharna oge kotor. Tuluy
> cara hirupna oge kotor. Karek kaharti mun daging bagong teh haram
> mun didahar"
> "Enya"
> "Tah, kuayana ayeuna tehnolohi geus maju. Bagong teh ayeuna mah
> dibudidayakeun. Daharna beresih, pon kitu deui dagingna ge bersih.
> Mun didahar ge, aman keur kasehatan"
> "Tuluy ?"
> "Mun geus kitu, aya teu nu wani-wani ngaluarkeun fatwa yen daging
> bagong teh ayeuna mah halal ?"
> "Teuing..."
> "Tah, matakna..."
> "Ah ari nu sok udud mah da memang sok hararese, bisa wae neangan
> alesan !"
> "Lain kitu Dul... mun pamarentah atawa pihak-pihak nu teu satuju soal
> udud,cik atuh make cara-cara anu hade. Diajar atuh ka Pom Bengsin.."
> "Naha bet ka Pom Bengsin ?"
> "Mun datang ka Pom bengsin, aya kitu nu wani arudud ?"
> "Euweuh !"
> "Enya Euweuh, sabab kaharti yen mun udud di Pom Bengsin tuluy nyundut
> kana Bengsin, geus pasti kahuruan. Kabeh ngarti kana hal eta"
> "Enya.. tuluy ?"
> "Tah, supaya urang sakabeh teu arudud ku lantaran bisi ngarusak
> kasehatan, atuh bere nyaho ka masarakat bahayana udud teh. Sing
> jentre, sing hade, bari teu kudu matak nyeri hate !. Bere
> pengertian, meh kaharti. Da mun geus ngalarti mah keu kudu dicurum
> caram ge areureun sorangan ieuh arudud teh"
> "Heueh nya..."
> "Nya heueuh atuh..!"
> "Ari maneh ngarti teu bahayana udud ?"
> "Nya Ngarti atuh !"
> "Naha atuh mun ngarti mah geuning udud keneh ?"
> "Eh Dul, uing teh sabenerna mah gemes. Mun bisa mah hayang ngaduruk
> pabrik rokona sakalian."
> "Naha atuh lain diduruk ?"
> "Ngaduruk pabrik mah apanan ngalanggar hukum"
> "Trus ?"
> "Tah kusabab teu bisa ngaduruk pabrikna, jadi ku uing ngeureuyeuh
> ngaduruk rokona sabatang-sabatang..."
> "Aaaaahhhhhh....... angger !"
>
> -Jay-
>
>  
>

Kirim email ke