Lamun saur abdi mah heunteu ah bah. Abdi ngudud, tapi oge lintuh.
Ti saacan ngudud nepika ayeuna (ayeuna abdi ngudud), ieu beuteng
teuteup wae buncit.
hehehe

2009/7/8 Moch Dachman Maman <maman.mochdach...@yahoo.com>:
>
>
>
> Aya hikmahna geuning, ti satutasna Kang Irpan ditajong ku Kuncen, rabeng
> malah meh napuk carita jeung kahayang nu bisa ngeureunan tina ngaroko, malah
> unggal nu ngaroko jigana geus apal pisan, naon jeung kumaha strategi pikeun
> ngeureunan ngaroko, lantaran ti baheula mula strategi eureun ngaroko geus
> rea ditulis, boh ku para dokter jeung ti para ahli kasehatan jeung ti nu
> tadina nyandu roko nepi ka bisa ngeureunan ngaroko, eusina wungkul matak
> pikabitaeun nu sok ngaroko.
> Abah teu kaasup nu sok ngaroko, tapi aya pangalaman dina hirup kumbuh
> sapopoe anu dina bilangan umur mah geus cueut kahareup, geus lingsir ngulon
> memang, di Tegallega di Bandung, selang sapoe mah sok ngahajakeun ngadon
> jalan kaki, lima kuriling rata-rata, sakuriling Tegallega teh nepi ka ayeuna
> ku Abah diitung rata-rata 17,5 menit can pernah kurang ti eta, mun rata-rata
> lima kuriling Tegallega, jadi kurang leuwih sajam satengah lah dibuleudkeun.
> Anu lima kuriling teh ukur leumpang teu make nyigcrig sagala rupa, teu
> kaasup jalan cepat deuih, ngan ukur mampu sakitu. Leumpang ngan rada rusuh
> meureun ngaranna.
> Lagu reureuh bari nyangsaya teh sok ngahaja ngambeng goreng
> sampeu......singkong keju tea geuning, ni’maaat............ teh, tah waktu
> keur reureuh eta sok gepyak ngadarongeng jeung sasama nu keur pada-pada
> istirahat. Di antarana aya orang Tionghoa duaan, basa Sunda-na nyunda pisan,
> ngakukeunana mah urang Jl. Haji Basar, di daerah Jln. Kebon Jati, bari nanya
> ka Abah make ragam hormat, urang Sunda kitu-kitu wae mah, matak era parada
> mun merhatikeun manehna nanya, ti lentong jeung ucapan leuwih nyunda ieu
> mah.
> ”Dupi Bapa sabaraha yuswa ?”
> ”Lima puluh dalapan ...” Cekeng teh
> ”Abdi genep puluh tujuh taun, janten kolot abdi meh sapuluh taun nya ?” Ceuk
> manehna bari tuluy nanya deui ”Sabaraha kuriling biasana Bapa mapah didieu
> ?”
> ”Lima kuriling. Kitu ge ukur we leumpang”.
> ”Sami sareng abdi, mung pedah abdi unggal dinten kadieuna, rata-rata teh
> genep kuriling, pedah abdi mah tilu kuriling mapah, anu tilu kuriling deui
> bari lumpat, istirahat weh didieu, tah sareng ieu rerencangan abdi ti
> bubudak”. bari nunjuk baturna.
> ”Cik..cik... kumaha eta teh palakiahna, bisa sehat kitu ?” ceuk Abah teh
> panasaran
> ”Hoyong terang palakiahna, tah ku ieu ..... Pa !” bari kusiwel ngaluarkeun
> Ji Sam Soe tina pesakna, bari tuluy diseungeut kituna teh, ngahaja diudud,
> hareupeun Abah.
> ”Ah ..... nurustunjung.. ” Ceuk Abah teh.
> ”Henteu nurustunjung Pa, ilmiah ieu mah, mun abdi henteu udud, moal kuat
> lumpat sakuriling Tegallega ge, lantaran naon ? Nu eureun ngaroko biasana
> kana barang tuangna ngagalaksak, kana peremen maceuh, matak tong aneh nu
> liren ngaroko awakna sok ngadak-ngadak ngalintuhan, kawas kenging niup mun
> balon mah, mun awak ngalintuhan moal-moal acan tiasa lumpat, komo make lima
> kuriling Tegallega, sakuriling ge moal kiateun, jigana, nu matak abdi jeung
> babaturan ieu teu pernah eureun ngaroko. Jadi sabenerna mah teu kudu
> dilarang-dilarang ku pamarentah sagala urusan ngaroko mah, soal cetek nu
> kitu mah, pamarentah loba keneh uruseunana, soal udud mah kumaha dirina
> masing-masing, hayang ngaroko pek, henteu oge pek teh teuing, karepna ieuh”
> Abah mikir bari balik, enya kitu.........
> Hareneg kudua-kutilu, kahiji eta urang Tionghoa, basa Sundana estuning
> pujieun lain heureuy, taya codekana, beres entep seureuhna, na ari urang ?
> urang Sundana, nu dipake teh nu garihalna we wungkul,
> Kaduana, soal ngaroko, enyaa kitu .....? bungkusan goreng sampeu mah
> tinggaleun, kapopohokeun.
>
> ================================
> H.Maman Moch Dachman.
> Jl. Margajaya V. No. 5
> Bandung - 40224
> visit;
> maman.mochdach...@gmail.com
> http ://abahbandung.blogspot.com
> ================================
>
> Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang!
> http://id.mail.yahoo.com
>
> 



-- 
baktos,

obakasan


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:urangsunda-dig...@yahoogroups.com 
    mailto:urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke