Assalamu'alaikum ..

Hapunten anu kasuhun sim kuring seja tumaros .., manawi tiasa di wartosan ...
upami hoyong ngagarap tanah desa kumaha nya ? da ari meser tanah mah teu 
kapeser wae .. upami ngalangkung ka desa masih seueur gening tanah anu te 
kagarap malih ngadon ngajejembrung teu ka urus ... milarian damel teu aya wae 
.. nya mudah - mudahan tatanen aya rijkina ... tapi bingung ari tumaros ka desa 
ngadon sistimna hasil nu ngagarap mung 40 % saurna .., 60 % kango desa ... naha 
teu tiasa bayar pajakna wae ... margi upami 40% mah rada abot kumargi lahan 
desa anu ayeuna seuseurna sesah ku cai ....

Kadang sok sirik duh gusti mugi tong janten dosa ...
Muhun Ka Urang Non Pribumi mah gening tanah kagungan pribadi anjeuna meni 
hektaran ... ari pribados sakulawargi teu gaduh tanah ... bumi ge ngontrak 
sareng ngontrak wae ... 

Wassallam ..



      

Reply via email to