kaci teu upama gambar imah kai, hehehe.
aya imah anak mitoha, karek anggeus sapotong, tukangna hungkul.
tadina teu make gambar, dikira-kira we jiga nyieun kurung manuk.
ari hareupna ngarah rada pantes jigana perlu make gambar yeuh.
(mh)

2009/7/15 mj <ja...@itenas.ac.id>:
>
>
>
>
> haha..sami kang, abdi ge da di komplek. Namina grahapuspa tea, nu aya café
> sapulidi makan di sawah. Kaleresan di gunung, jadi teu pati payu. Seueur
> kavling kosong keneh. Sok di ala jukutna ku batur, kanggo tuang sapi saurna
> teh hehe.
>
>
>
> di komplek ieu mah, sarupaning kabel listrik & telepon, dialirkeunana
> dibawah tanah, nurutan cacing sigana.  Alhamdulillah, kuriak teh rengse,
> sapotong. Bumina ge anggeus sapotong, gambarna dua lantey, jadina salantey.
> Tekors. Hehe.
>
>
>
> Gambarna di facebook ieu:
>
>  http://www.facebook.com/profile.php?id=1438907396&ref=name#/photo.php?pid=375285&id=1438907396
>
>
>
> pagerna, model transmigran we, ku awi. Tadina moal dipager, ngan payuneun
> bumi miara anjing ras seueur, jualeun. Barudak sarieuneun. Di pager we.
>
>
>
> Sakantenan pakepuk ku cicing, yeuh…
>
> ka baraya kusnet, nu bade ngadamel bumi, heug peryogi gambarna, mangga ka si
> kuring. Kaci japri ka ja...@itenas.ac.id
>
> dongengkeun we, ukuran kavlingna, arahna ka mana, peryogi kamar tidur
> sabaraha puluh, kamar mandi, jrrd.
>
>
>
> nu parantos di wangun teh bumina kang Hermawan Aksan, wartawan Tribun Jabar,
> di Bumi Ayu Brebes.
>
> Gambarna aya di facebook, photo, my design, nami bumina Pitaloka.
> http://www.facebook.com/album.php?aid=22908&id=1438907396#/photo.php?pid=381113&id=1438907396
>
>
>
> Di ngaranan kitu, sakadang mieling jasa kang Hermawan Aksan nyerat novel
> carita Dyah Pitaloka,
>
> Asana, judulna Langit Mendung di Majapahit. Nya nyaritakeun lalakon Dyah
> dina perang bubat, novel terusna, Gajah Mada musuhku.
>
> Carita adina Dyah Pitaloka nu rek males pati ka Gajah Mada…jst.
>
>
>
> Biaya ngagambarna? Ah siga ka saha bae…nya ku ONH oge kaci. Haha
>
>
>
> ________________________________
>
> From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
> Behalf Of mh
> Sent: Wednesday, July 15, 2009 1:44 PM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] Ngadu LANGLAYANGAN Euy!
>
> leuheung cihideung mah masih lega, masih bisa ngadu langlayangan.
> pikeun nu hirup di komplek jiga uing mah, ngadu langlayangan teh hayoh
> pabeulit jeung kabel listrik.
>
> inget jaman orba di lembur, ari ninggali nu ngadu langlayangan teh.
> warga desa uing jeung warga desa tatangga beda karesep. di lembur uing
> loba nu resep kana gambar caringin, ari di lembur tatangga pada resep
> kana gambar kabah, hayoh dibabawa kana ngadu langlayangan. ngadu
> langlayangan gambar caringin jeung langlayangan gambar kabah,
> sponsorna warga sadesa. lamun aya nu eleh surak eak-eakan, silih
> panasan, parebut langlayangan bisa dipungkas ku jogol di tengah sawah.
> (mh)
>
>
> .
>
> 

Kirim email ke