Vioz fyi oge,
Ana kitu mah ning ngawangun saageung stadion we atuh nya? Meh design fee na 
alit hehehe Kedah ngamaklum, istri mah hobi nawiz nu arawiz, ari hasil teh sok 
kieu jero hate,"Yeeessss!"
Waduh, ari cap nuhun teuing mah kacida atuwh* da kenging nguteuk bin 
"tikerung-kerung wae" pastina, eta teh elmu. Tapi ari disajajarkeun sareng 
kejati-kejari mah luhur teuing* ih, ni teu puguh nya? Pokonanamah jiga lagu 
Veti Vera we* yang sedang-sedang sajaaaa*
Aya-aya bae, raray Tukul body Manohara*. Kieu wae atuh, body Ade Rai ari hate 
Ridho Roma hihiih kalahka ngaco*
MJ tea* ngetik bosen, lumvat kana ngagambar. Ngagambar bosen* leos kana baceo 
di kelas. Mangga, ke disanggemkeun ka pun adi. InsyaAllah pami anjeuna 
kersaeun, diwartosan deui.. da ayeunamah nuju parakepuk sarakola. 
nuhun infona,
ro2

>>> ja...@itenas.ac.id 07/16/09 01:35PM >>>
Hehe. Nu alus jeung murah? Sigana tiasa. Sanaos agama si kuring mah, artos tara 
bohong- money never lies. Hehe.
Pangaos gambarna mah, teu langkung. Ku tiasa ngadegna oge si kuring tos ngiring 
bingah amarwata suta. 
Tarif gambar desain (design fee) si kuring teu kaiket ku standar IAI atanapi 
HDII (nu ieu orhanisasi profesi nu si kuring miluan), komo ku WTO atawa GATT 
mah. Haha
Ieu mah ngan FYI
Sacara profesi mah, design fee the antara 6-15% gumantung ageung alitna proyek. 
Beuki ageung pangaos ngawanguna, beuki alit prosentaseu fee design.
Rupi-rupi tarif si kuring mah. Aya nu cekap ku nuhun, aya nu ku marlboro dua 
bungkus, di traktir di café, lima puluh rebu, saratus rebu, sajuta, dugi ka aya 
nu masihan 25juta. Nu pendeuri ieu mah jaksa kejati-kejari ayeuna ngalih ka 
kebon jagung caket blok m sareng salah saurang gm operator seluler. Gambarna ge 
dugi ka 20an lambar.  
Sanaos ku nuhun, ari waragad bumi mah nya keukeuh saratus dua ratus juta. Haha. 
Etangan kasar, 1m3 wangunan, waragadna Rp 2 juta - 3juta, gumantung kelas 
kualitas matrial.
Sacara prinsip, bumi cekap ku gambar denah sareng tampak depan (raray, fasade), 
atanapi ku perspektifna. Tukang bas nu jagoan mah tos tiasa ngawangun ku kitu 
ge. 
Tah nu ditawiskeun si kuring mah nu ieu bae, denah sareng perspektif. Kaleresan 
ayeuna rada nuju bosen ngetik da lieur (disertasi) novel mah ke sakedap deui 
medal ngadopsi ti skenario film The Tarix Jabrix 2. Ayeuna  nuju resep 
ngagambar, ngangge program Archicad (asli, student version).
Ari renovasi atanapi ngadamel raray/fasade wangunan mah kedah aya foto payuna, 
sareng gambar denah bumina heula. Supados atra. Ke bilih rarayna tukul, ari 
bodi manohara. Punten sanes ngahina tukul, mung ukur conto. Ongkoh da tukul mah 
beungharna teh ngandelkeun rarayna. Haha.

Reply via email to