Keur nu dipikacinta
Hampura mun nganti nganti
Kuring geus indit ti heula
Teu kungsi mere beja.. kuring kapateni jadi korban rajapati

Bejakeun kanu tega ngereunkeun lengkah kuring
Kuring teu rido dipeungaskeun harepan keur tandang makalangan melaan anak 
pamajikan.Raga nu ngababatang..garba nu kumalayang..getih nu remes kana 
taneuh.. mugi jadi saksi poe ieu aya durjana.

Hampura kuring ngeun tinggal ngaran
Anaking bebeulahan ati.. anjeun ayeuna geus pahatulalis
Bral papag pangimpian sanajan bapa teu marengan...
Ulah sedih kingkin ieu gurat ti ajali... Tong miara dendam na hate hidep...

(Pangeling ngeling Bom mugi mugi ieu nu panungtungan)

Reply via email to