Apan biasana dina Beus sok aya larangan "dilarang mengeluarkan anggota
badan".......

2009/7/20 lamsijan_ibrahimovic <alifbushid...@yahoo.com>

>
>
> emh...aya ku kituna urang indonesia nya...:-?
> kuring ge pernah ngalaman nu model kitu ngan rada pulgar ieu mah.
> kieu caritana. Sawatara taun kaliwat, harita bulan puasa, kuring jeung
> babaturan ulin ngabuburit ka alun2 bandung rek meuli topi. Ari inditna mah
> teu aya kajadian nanaon. Balik ti alun2 kuring tumpak damri, mimitina teu
> aya kajadian nanaon tepi ka bunderan bypass pal tilu. Harita beus damri nu
> pinuh ku jalma teh ngadadak rame ku jeritan hiji wanoja,"...goblog...kurang
> ajar...!" sareret ka tingali aya nu ngagajleng tina damri nu harita keur
> maju laun da rek aya nu turun. Ngadenge aya wanoja ngajerit kitu tuluy
> ditaros eta wanoja teh ku panumpang nu lian kaasup supir ge ngiluan naros da
> kabeneran kajadianna tukangeun supir pisan."Aya naon neng?" ceuk supir teh,
> si eneng ngwaler,"ini pa kurang ajar...orang tadi...ih jijik..." ceuk si
> eneng bari ngabirigidig, si horeng jalma nu ngagajleng tadi teh salila dina
> jero damri cicing ditukangeun si eneng, ku sabab damri teh padedet pisan
> antukna adek we antara eta jalma jeung imbitna si eneng, meureun ngarasa
> kangeunahan, "si ujang"na teh motah da kadedet tea ka imbit si eneng, geus
> teu kuat geuwat di kaluarkeun tah si ujang teh, ari si eneng nu geus mimiti
> curiga pananganna ngarampa ka tukang, barang gap teh, karagap aya nu
> geunyal2 kereng adek kana imbitna, atuh koceak si eneng teh ngoceak bari
> nyarekan. Ngadenge carita eta wanoja, kuring, supir jeung panumpang nu lian
> bati serengeh we...aya2 wae eta jalma. Kitu tah carita kuring mah. Ka para
> wanoja, cing ati2 ari di tempat umum teh, angge anggean anu merenah tur
> sopan anu teu ngondang syahwat. Cag ah...
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, Aa Ican
> <ia.ad...@...> wrote:
> >
> > Sakumaha biasa, poe senen isuk2 kuring miang ti Jatinangor ka Jakarta.
> > Sakumaha biasa oge, kuring naek Primajasa jurusan Lebak Bulus, pituruneun
> di
> > Pasar Rebo. Aya oge sabenerna mah nu ka Cililitan (pul Primajasa), ngan
> teu
> > apal sabaraha loba armadana, bisi lila teuing nungguan. Pas blus kana
> beus
> > ti panto tukang, katempo di jero geus arang korsi kosong, nya buru2 we
> > kuring teh ngeusi jok di bagian udud binti smoking area, daripada teu
> > kabagean pisan mah der kudu diuk dina balkon.
> >
> > Mimiti mah taya nu aheng, semua berjalan lancar. Sanggeus ngaliwatan
> lawang
> > Padalarang Barat, aya panumpang pindah ka tukang, silih isaratan jeung
> > kondektur anu aya di hareup. Terus eta panumpang teh rumpu-rampa ka erak
> > luhureun sirah, gap kana botol aqua kosong. Geus kitu, manehna 'ngajuru'
> > lebah panto, hareupeun para panumpang di smoking area. Teg bae, nu teu
> > kaampeuh hayang kiih... Bedul teh!
> >
> > Nepi ka Pasar Rebo kuring turun, disambung ku beus Tanah Abang warisan
> > Jepang nu ngaliwatan Salemba. Baheula mah basa anyar datang, da eta beus
> teh
> > weuteuh. Ase hirup keneh, bel aya, panto sorolok listrik, lengkep jeung
> > tulisan2 Jepangna. Ayeuna nu ditaekan geus euweuh pantoan, korsi saroeh &
> > laledok. Ni asa jadi bangsa pangbodona we aing mah... Kuring ambil posisi
> > pangtukangna, dua awewe opat lalaki. Jajaran hareupeun aya awewean,
> lumayan
> > tamba sareukseuk tetempoan. Kahalangan sajajar aya awewe diuk mawa budak
> SD
> > awewe nu nangtung dina korsi. Memeh Kampung Melayu, budak nu nangtung tea
> > kareret bajuna nyingsat nepi ka bujurna katempo, cangcutna diasrodkeun ku
> > indungna. "Na nanaonan eta budak..?" ceuk gerentes teh, bari terus
> > nempokeun. Barang alak-ilik ka lebah suku indungna, beuh... baseuh...
> Bedul
> > teh! Memang Hari yang Aneh...
> >
> > --
> > sikandar
> > kumincir.blogspot.com
> >
>
>  
>

Kirim email ke