Hanjakal teu nongton euy...

-Bohay-


2009/7/22 waluya56 <waluy...@yahoo.com>

>
>
> Peuting dina TVone aya wawancara ekslusip jeung mantan alias urut Komandan
> Densus 88, Brigjen Pol (Purn) Suryadarma Salim. Sang jenderal salila 6 taun
> ngomandanan pasukan khusus anti teror pulisi. Cenah manehna kakara ayeuna
> bisa diwawancara ku media, sanggeusna pangsiun. Sang jendral nu dedeg
> pangadegna jangkung badag, nyariosna parondok jeung tegas. Hiji ciri khas nu
> nunjukkeun manehna jalma lapangan nu biasana teu pati bisa nyarita panjang
> lebar.
>
> Hanjakal pisan waktu lalajo, listrik pareum aya 15 menitna, geus kitu
> siaran TVonena sorangan nu masalah, pegat-pegat. Tapi sanajan kitu aya nu
> narik dina wawancara ieu. Ceuk Sang jenderal, Indonesia geus asup sasaran
> teroris internasional Al Qaeda. Nurdin M. Top urang Malaysia, sabenerna
> pupuhu Al Qaeda Asia Timur (Tapi ceuk Al Haidar mah lain, dina wawancara
> saentasna acara wawancara jeung sang jenderal).
>
> Pamadegan Sang Jenderal ieu dikuatkeun ku kanyataan nu diwartakeun ku koran
> Kompas poe ieu: Geus sababaraha bulan katukang, Indonesia diriweuhkeun ku
> datangna rewuan imigran "gelap" nu asalna ti Afghanistan jeung Pakistan.
> Bisa wae diantara imigran gelap teh aya teroris Al Qaeda. Ditambah deuih ku
> kanyataan dana waktu Bom Marriot I di taun 2003, dimodalan ti Pakistan,
> ngaliwatan Gun Gun, nu adina Hambali nu ayeuna ditahan di panjara Guantanamo
> Cuba (Gun Gun ditewakna ku aparat kaamanan Pakistan).
>
> Sang Jenderal oge nolak pendapat bom nu di Marriot jeung Ritz Carlton aya
> hubunganana jeung Pilpres. Ceuk manehna para teroris ieu, teu paduli kana
> kaayaan politik lokal, tapi leuwih ditujukeun "hayang nempokeun" ka dunya
> internasional.
>
> Kunaon Nurdin M. Top teu beunang-beunang? Ceuk sang jendral Nurdin teh
> manusa "smart", para teroris lain budak Taman Kanak Kanak, tapi bener-bener
> jalma kalatih. Nurdin hese katewakna kulantaran pinter milih HABIBAT NU
> TEPAT keur nyumput. Duka naon nu dmaksud "HABIBAT NU TEPAT" ku sang Jenderal
> teh ....
>
> Sang jenderal oge boga cara dina ngurangan radikalismeu. Di Indonesia jalma
> nu ditewak ukur dipanjara, tapi teu dibina. Atuh lamun kaluar ti panjara teh
> bisa balik deui kana habibatna. Sang jendral nyarankeun para teroris nu
> dipanjara, dibina ku kaum ulama, tepi ka sadar yen faham manehna teh salah.
> Kitu deui sakaluar ti panjara, kudu dibina jeung dibere PAKASABAN NU JELAS
> ...supaya poho kana ideologi radikalna. Sang jenderal ngabuktikeun sorangan,
> manehna ngabina sababraha urang, ayeuna aya nu jadi pedagang kaki lima, aya
> nu jadi tukang kueh ....
>
> Sabenerna loba deui nu dicaritakeun ku Sang jenderal. Aya nu bade nambahan
> atawa ngoreksi, bisi kuring salah tangkep?
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke