reungit

mun sia teu deleka ka aing
aing ge moal deleka ka sia
aing ge moal nepak sia nepika pejet
aing ge moal nyetrum sia nepika merepet hangit
aing ge moal nyemprot sia nepika burial bunceulik
ieu mah aing keur ngeunah ngeunah sare
der hiber luhureun ceuli bari ngaheong lir sora simso
teup eunteup kana pipi jeletot nyoco
bongan sorangan sok usil kabatur
meureun hayang ngajajal dampal leungeun aing
ngawewejet awak sia
ngan teu nyangka geuning sia teh ayeuna mah lihey
samemeh dampal leungeun aing nepi
sia rikat nyingcet ngagiwarkeun maneh
atuh jelebet dampal leungeun nyayang na pipi satakerna
senjata makan tuan!

biwir ge nyengir keneh nahan kanyeri
geus heong deui na ceuli, sorana lir bajay na tanjakan
sikasebalan teh bet teu kira kira pisan
jangji jle wae, bet eunteup dina cukang irung aing
dampal leungeun geus meber nek dihembatkeun
ngan teu kebat
sieun sia ngagiwar deui
meureun cukang irung aing jadi korban
keur mah mancung kajero meureun beuki ngalelep bae
ahirna najan hate mentegeg kapaksa diantep
ngantep sia nyedot getih aing
ku nurustunjung make nepi kanonggeng sagala
aya satengah leter getih aing pindah ka beuteung sia
anenoy teu walakaya
dampal leungeun geus geregeteun hayang dikeplakeun
piraku bisa ngagiwar sakitu geus anenoyna
teu antapwarah jelebet dihembatkeun satakerna
meureudeuy pisan, enyaan cukang irung jadi ngelelep kajero
ari sia kamana?
sakitu anenoyna bet bisa ngagiwar
awas siah mun kadieu deui diguyur baygon sadreum

tunduh ngelehkeun sagalana
ngaguher nuluykeun hanca
dasar bagja bet ngimpi jeung manohara
nyiwitan bari mamaksa ngagerejeg ngajak kabale nyuncung
puguh eta nu dipikaharep,asa mobok manggih gorowong
keun bae sakujur awak galarang balas diciwitan 
rido....rido....rido.....pisan...mun enya manohara nek satia satuhu
bakating kuatoh, korejat hudang, gasak gisik
lumat lamot kana biwir rasana sarua jeung nu sasari
ret kana leungeun enya we garalang jeung barentol
kitu deui pipi jeung suku sarua barentolna
rasana ateul jeung panas
sugan enya urut diciwitan manohara
ari pek teh sianenoy tadi ngajak wadia baladna nyoco berjamaah
bakating kukeuheul gap kana semprotan serebeng disemprotkeun
balad sianenoy bubar rabeng haliber bari sing koceak
kagok asong peledug baygon bakar diseungeut diunggal juru
rohangan jadi mulek kuhaseup
balad sianenoy teu manggapulia langsung sing jarungkel palastra
ayeuna mah aman sugan
pitunduheun ngagayot deui
guher deui sare, nuluykeun deui hanca, ngimpi nu tadi katunda.(sr)





Kirim email ke