Hehehe. nganggo anti nyamuk nu losyen atuh kang. janten teu pati mulek..
Senjata makan tuan = Pakarang ngadahar juragan?? <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/141734;_ylc=X3oDMTJzN2RrZW llBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzE0MT czNARzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjQ4NzY4OTg5> Re: reungit Posted by: "subur natapradja" <mailto:eagle7...@yahoo.com?subject=%20re%3a%20reungit> eagle7...@yahoo.com <http://profiles.yahoo.com/eagle70au> eagle70au Tue Jul 28, 2009 1:05 am (PDT) Hahahaha......maca na bari konsen tur di bayangkeun ..meni raos nyakakak.....nuhun kang ahhhhhh... ________________________________ From: syam ridwan < <mailto:payoez%40yahoo.com.au> pay...@yahoo.com.au> To: <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, 24 June, 2009 10:02:05 AM Subject: [Urang Sunda] reungit reungit mun sia teu deleka ka aing aing ge moal deleka ka sia aing ge moal nepak sia nepika pejet aing ge moal nyetrum sia nepika merepet hangit aing ge moal nyemprot sia nepika burial bunceulik ieu mah aing keur ngeunah ngeunah sare der hiber luhureun ceuli bari ngaheong lir sora simso teup eunteup kana pipi jeletot nyoco bongan sorangan sok usil kabatur meureun hayang ngajajal dampal leungeun aing ngawewejet awak sia ngan teu nyangka geuning sia teh ayeuna mah lihey samemeh dampal leungeun aing nepi sia rikat nyingcet ngagiwarkeun maneh atuh jelebet dampal leungeun nyayang na pipi satakerna senjata makan tuan! biwir ge nyengir keneh nahan kanyeri geus heong deui na ceuli, sorana lir bajay na tanjakan sikasebalan teh bet teu kira kira pisan jangji jle wae, bet eunteup dina cukang irung aing dampal leungeun geus meber nek dihembatkeun ngan teu kebat sieun sia ngagiwar deui meureun cukang irung aing jadi korban keur mah mancung kajero meureun beuki ngalelep bae ahirna najan hate mentegeg kapaksa diantep ngantep sia nyedot getih aing ku nurustunjung make nepi kanonggeng sagala aya satengah leter getih aing pindah ka beuteung sia anenoy teu walakaya dampal leungeun geus geregeteun hayang dikeplakeun piraku bisa ngagiwar sakitu geus anenoyna teu antapwarah jelebet dihembatkeun satakerna meureudeuy pisan, enyaan cukang irung jadi ngelelep kajero ari sia kamana? sakitu anenoyna bet bisa ngagiwar awas siah mun kadieu deui diguyur baygon sadreum tunduh ngelehkeun sagalana ngaguher nuluykeun hanca dasar bagja bet ngimpi jeung manohara nyiwitan bari mamaksa ngagerejeg ngajak kabale nyuncung puguh eta nu dipikaharep, asa mobok manggih gorowong keun bae sakujur awak galarang balas diciwitan rido....rido. ...rido.. ...pisan.. ..mun enya manohara nek satia satuhu bakating kuatoh, korejat hudang, gasak gisik lumat lamot kana biwir rasana sarua jeung nu sasari ret kana leungeun enya we garalang jeung barentol kitu deui pipi jeung suku sarua barentolna rasana ateul jeung panas sugan enya urut diciwitan manohara ari pek teh sianenoy tadi ngajak wadia baladna nyoco berjamaah bakating kukeuheul gap kana semprotan serebeng disemprotkeun balad sianenoy bubar rabeng haliber bari sing koceak kagok asong peledug baygon bakar diseungeut diunggal juru rohangan jadi mulek kuhaseup balad sianenoy teu manggapulia langsung sing jarungkel palastra ayeuna mah aman sugan pitunduheun ngagayot deui guher deui sare, nuluykeun deui hanca, ngimpi nu tadi katunda.(sr)