I love you pul....Nini!

Kocap kacarita tahu kecap dicampur kareta, dilembur singkur bujur demplu  
kacaritakeun aya sapasang aki aki jeung nini nini, siaki katelahna aki Jumhari 
mun kenalan jeung wanoja sok ngaku hari, ari sinini wastana nini ijot ngan sok 
embung dicalukan ijot hayangna cathrine wae. Maranehna geus tujuh  puluh taun  
ngarumahtangga kalayan pul romantis. Ngan kabehdieukeun sikep aki Jumhari 
ngadadak robah duaratus darojat, jadi senseu gampang nyeuneu jeung gampang 
kasinggung, malah mindeng teu balik sagala. Wah boa aki Jumhari boga WIL eh NIL 
ketah Nini nini Idaman Lain. Padahal naon kurangna nini Ijot, ruruntuk 
kageulisanana masih ngadalis, kawantu baheulana kungsi jadi model iklan jamu 
rapet pisan.

"Nini.....nini...kamana nya? Sikasebelan teh ari keur perelu mah sok ngiles!" 
aki Jumhari gura gero ti tengah imah.

Nu digeroanana mah jongjon we camegoh dihareupeun hawu, teuing lengle teuing 
geus kurang denge, atawa boa pundung pedah ngagenjleh menta dipangmeulikeun 
lejing teu digugu. Panggerona teu diwaro aki Jumhari terus cengkat tina korsi 
goyangna, gap kana iteuk, rampeol ngalengkah, getruk iteukna nete kana palupuh, 
leumpang muru dapur.

Ningali nini ijot aya dihareupeun hawu, aki jumhari mudigdig.
"Ijot....ijot geus torek meureunnya!" Bari nek sabek-bekeun iteukna 
diteunggeulkeun kana tonggong nini ijot, untung teu jadi, mun tea mah jadi, aki 
Jumhari bakal keuna pasal KDRT tur bakal riweuh sabab bakal diuber uber 
wartawan infotaintmen, beritana bakal heboh "Mantan Model Tahun Enampuluhan 
Dianiyaya Suaminya" jadi headline diunggal media.

Nini ijot ngarenjag lantaran bujurna aya nu noel, pas ditingali horeng aya 
iteuk ulang ulangan palebah dinya.
"Wawadukan atuh aki, make ngarojok bujur kami!" nini ijot muncereng.
"Yeuh ijot nya teu kadenge dewek gura gero titatadi!"
"Naon....ngomong naon?"
"Leuh bener geus torek, kobet geura ceulina!" Ngomongna leuwih tarik tur 
disongokeun kana ceuli nini ijot.
"Naha da ceuli kami mah beresih!" bari terus curukna dikobetkeun kana ceuli 
kenca katuhu, geclik ara nu murag, ngaguruntul hideung.
"Tuh nya tara ngaku, geuning ieu yeuh buktina!" ceuk aki jumhari bari nyoeran 
nu ngaruntul ku iteuk.
"Euleuh naha sisig bet nalaktak kana ceuli sagala, paingan ceuli asa mepeg!"
"Lain nalaktak nini, dasar nini nini geus kurang deuleu, samarukna earphone 
hape, der sisig didedetkeun kana ceuli!"
"Ma'lum atuh hirup geus dalapan puluh taun, dibere nyawa keneh ge untung, aya 
naon atuh make gura gero?"
"Puguh aki teh titatadi kutatang koteteng neangan padudan,poho teuing dimana 
sokna, cik sugan nini nempo!"
"Leuh ari eta naon?" ceuk nini ijot bari nunjuk ka irung aki jumhari.
"Astagfirulloh..Lailahailalloh...panyana kami nu ngampleh na irung teh bulu 
irung poho neukteuk singhoreng padudan geuning!"
"Nyao ah...teu hayang seuri...tadina mah moal nembalan, sebel...sebel..sebel 
deuleu!"
"Baruk keur sebel..sebel kunaon nini, boa keur nyiram?"
"Nyiram tai pedut...nu puguh mah sebel ka aki, saban usik sok ngaladog jeung 
poho kabalik, sok ngaku pasti aya nu dianjing cai nya?!"
"Heueuh hampura..nini! teu balik soteh lain aya nu diheroan, kanu kitu mah geus 
insap deuleu...!"
"Geus insap tujuhpuluh..geuning basa panggih jeung nu bahenol paroman aki jadi 
mupeng kitu!"
"Heueuh insap soteh ka nini nini da ari kanu bahenol mah lebar atuh ari teu 
ditempo mah nini!"
"Waduk!"
"Jadi kamari teu balik dua poe dua peuting nempoan nu bahenol kitu?"
"Sweer nini! henteu..! Teu balik soteh kieu...basa keur digardu ronda panggih 
jeung anatoli karvov, der ngajak catur, duapoe dua peuting catur remis wae!"
"Teuing ah..pokona mun can dipanghariringkeun moal cageur ngambekna!"
"Euleuh jadi hayang dipanghariringkeun? Okeh ready...Nini!" ceuk aki jumhari 
bari regeyeng ngagandong nini ijot terus ngahaleuang.
"Ta' gendong.....kemana mana....ta' gendong kemana mana..enak toh..asik 
toh....ay lap yu pul Nini.....ha ha ha...!"(sr)

Kirim email ke