Kang... soal HBH mah, mun bisa ulah babadamian. Leuwih hade, mundingan.. eh mendingan badami nyaanan. heu heu
HBH teh apanan manjangkeun silaturahmi. Ari bulu irung sok mindeng dipanjangkeun, naha ari silaturahmi kalah teu dipanjangkeun ? Tah kukituna, kusabab HBH teh salah saratus tina budaya Kusnet, atuh mun teu bisa ngayakeun (deui) anu sipatna gede-gedean, atuh nya leuleutikan deui wae. Enya, basajan we. Teu kudu nyewa gedong, komo bumi perkemahan, cukup di imah salah sarebu anggota Kusnet anu rido katempatan jeung rido diriripuh. Ngumpulkeun jelma teh apanan puguh hese, iwal keur ngayakeun demo atawa kampanyeu. Sanes kituw ? -Jay- --- In urangsunda@yahoogroups.com, Aa Ican <ia.ad...@...> wrote: > > Kanggo samentawis, abdi gaduh ancer2 HBH boboran siam nu bade sumping mah > urang di Bandung bae heula. Acarana dibasajankeun bae, nu penting tiasa > silaturahmi ngariung. Tempatna tiasa di bumi (pami aya nu kersa nyaungan) > atanapi di tempat sanesna. Ka nu bade ngiring ngarojong, boh biaya atanapi > tanaga, mangga diantos japri, urang babadamian. > > Nuhun sateuacanna... > > Abah Subur iraha mulihna ka dieu? Pami rada lami keneh ti boboran mah acara > HBHna tiasa dipanjangkeun sabulan jeput... heuheuheu > > 2009/7/29 Reka "Bohay" > > > > > > > Teu kedah nitip amanat kang, langsung weh akang janten ketua panicia. > > Langsung damel konsep acarana, sok riungkeun jeung panicia nu lainna. > > Kari prung, teu kedah nitipkeun amanat, bilih teu dugi ari dititipkeun mah. > > > > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com >