Kolom email teh ngahaja di leutikan da ngarah teu ngahalangan program anu lian 
, maca lalauan da aya istilah surga an, cing teh, tah alus yeuh carita ka 
agamaan.....maca terus bari di lenyepan kata demi kata ngarah ngarti pisan ku 
sakali maca imutan teh, pas maca palebah, ustadz nu ngomong 
"Kieu atuh, lamun bapa jadi jalma bageur, nyaah ka anak pamajikan, nyaah oge ka
aranjeun, Bapa asup Sawarga moal?"

Sakejampan mah pikiran teh nga anehkeun heula, naha nya sakitu soleh na....? na 
ari pas dugi ka tamat....
hahhaha...dasarrr.......aya-aya wae ....wilujeng kang dede ahhhh





________________________________
From: dede solehudin <jangd...@gmail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Saturday, 8 August, 2009 4:02:23 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] (4S) Carana ka Sawarga

  
Eta si ibro aya ku pinter.
hiji cara asup ka surga teh kudu "MAOT HEULA".


jangdede milu mairan

 
2009/8/7, waluya2006 <waluya2...@yahoo. co.id>: 
  
>Hiji waktu Pa Ustadz Lamsijan ngajar agama di barudak kelas hiji SD.
>
>"Barudak, lamun bapa ngajual imah jeung motor bapa, terus duit ladangna 
>dibikeun
>kabeh keur sedekah, bapa asup sawarga moal?"
>
>"Moal!!!", ceuk barudak mani reang.
>
>"Tah kumaha lamun bapa ibadah getol, rajin ka masjid, terus nyumbang masjid,
>Bapa asup ka sawarga henteu?"
>
>"Henteu!!!", ceuk barudak teh
>
>"Kieu atuh, lamun bapa jadi jalma bageur, nyaah ka anak pamajikan, nyaah oge ka
>aranjeun, Bapa asup Sawarga moal?"
>
>"Moal!!!"
>
>Pa Ustadz gegetret teu ateul, tapi maklum lain guru nu otoriter, manehna malik
>nanya: "Atuh ari kitu mah, kumaha carana bapa supaya bisa asup ka Sawarga?"
>
>Celengkeung teh si Ibro, budak nu umurna kakara 6 taun ngajawab tarik pisan:
>"Carana Bapa Ustadzna KEDAH MAOT heula!"
>
>Baktos,
>WALUYA
>
>




      
__________________________________________________________________________________
Find local businesses and services in your area with Yahoo!7 Local.
Get started: http://local.yahoo.com.au

Kirim email ke