Si Dedi budak kelas hiji SD, manehna boga babaturan awewe Neng Euis ...geulis 
jeung manis. Si Dedi "jatuh hati", kitu deui Neng Euis. Bakating ku bogoh, si 
Dedi teu tahan, nya nyarita ka Neng Euis:

"Euis, Dedi resep ka Euis, hanjakal urang masih leutik keneh, engke lamun geus 
gede, urang nikah yu?"

Bari beungeutna rada beureum Neng Euis ngajawab: "Dedi, lain Euis nolak, ngan 
di kulawarga Euis mah, karawinna  teh jeung kulawarga deukeut wae, Emang nikah 
jeung bibi, Aki jeung Nini, malah Bapa ge kawin jeung Ema. Padahal Dedi mah  
pan lain kulawarga Euis .."

Ngadenge kitu, si Dedi langsung frustasi!

Baktos,
WALUYA   

Reply via email to