Assalamualaikum wr wb
Kajurung ku laku anu palaur, 
kajajap rasa nu salempang 
parantos janten kapastian jalmi bakal aya kalepatan
bilih kantos kasisit, kasebit ati
kapancah, kateuhak ucap
kajenggut, kajambak catur
katugal palebah lampah
neda tawakup anu kasuhun,
jembar hampura nu diseja
mugia tiasa ngaruwat lebetan manah
nu rumaos pinuh ku bangbaluh
pinuh ku rasa adigung
hapunten samudaya kalepatan
wilujeng mapag romadhon 1403 h
wassalam ti sim kuring, fariman sarimbit saparakanca


      

Kirim email ke