Pulisi, TNI jeung BIN papada nyombongkeun maneh, papada ngarasa pangjagona dina 
newak kaum teroris. Pamarentah ngarasa perlu ngayakeun test mana nu sabenerna 
nu panghebatna. Carana ngaleupaskeun kelenci ka jero leuweung, tilu kolompok nu 
masing-masing ti BIN, TNI jeung pulisi kudu bisa newak kelinci ieu.

Kolompok BIN asup ka jero leuweung. Maranehna nempatkeun mata-mata jeung 
informan dimana-mana. Maranehna oge tatanya kana tatangkalan, rungkun, sato nu 
kapanggih. Pokona teu aya nu kaliwat diinterogasi. Sanggeus sabulan 
panalungtikan anu kumplit tepi kana kacindekan yen KELENCI TEH SABENERNA TEU 
KUNGSI AYA, jadi ngan saukur isu.

Giliran TNI asup ka jero leuweung. Sanggeus sabulan usahana neangan jeung newak 
kelinci teh teu hasil, para tantara teh beakeun kasabaran, tungtungna leuweung 
diduruk, tepi ka mangkeluk nu aya di leuweung kaduruk. Kelenci akhirna 
kapanggih, ngan geus paeh, gosong!

Bagean pulisi asup ka jero leuweung, ngan 2 jam geus kalaluar deui, bari mamawa 
beurit bodas, nu awakna geus ancur-ancuran digebugan. Beurit bodas teh 
kokowongan bari nahan kanyeri:"ENYA...ENYA,  KURING NGAKU, KURING KELENCI!

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke