Si kang miki teh balik seminar ti paris perancis cenah. Nya basa ngariung kamari teh, diantara jejer nu diwangkongkeun Soal eta, malah disebutna oleh-oleh ti paris cenah.
Seminar di paris teh ngeunaan perkembangan bahasa-bahasa didunia. Panyaturna aya urang afrika, nagara pulo di amerika tengah, Urang perancisna, urang spanyol jeung miki. Miki tangtu ngabahas soal bahasa indonesia salaku bahasa nasional jeung basa daerah/lokal, dina kasusna nya basa sunda. Cenah mah panyatur ti afrika oge amerika latih heran jeung sirik ka indonesia. Sabab di indonesia boga basa nasional nu ngarana ge basa indonesia. Da di afrika mah oge di amerika latin, nu disebut basa nasional teh nya basa nagara nu baheula ngajajah maranehna. Amerika latin kabeh dijajah spanyol, atuh ayeuna kabeh basa nasionalna teh spanyol. Kacuali argentina nu dijajah portugis, make basa portugis. Teu boga basa lokal nu dijadikeun basa nasional cara di urang. Di spanyol ge aya, basa catalan jeung basque, minangka basa lokal spanyol. Unggal suku di afrika baroga basa masing2 cara di urang. Tah pikeun basa panganteur antar suku, make basa negara nu baheula ngajajah, cara inggris atawa perancis. Diurang mah basa walanda geus lila tumpur.