enya eta mah aya dimana-mana, ceunah mah anu kagunganana teh seler tionghoa 
ti surabaya, di samrinda aya da sakapeng mah uing ge sok kadinya. 
Memu-menuna mah umum-umum bae anu khasna karedok jeung bebek peking hik.. 
hik... hik..

wassalam,

----- Original Message ----- 
From: "paguyubansabilulungan" <paguyubansabilulun...@yahoo.com>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Thursday, August 27, 2009 2:05 PM
Subject: [Urang Sunda] Kaisinan


> Haturan wargi.
>
> saminggu anu kalangkung, sim kuring sareng rombongan aya kinten 40 urang 
> mah.jalan-jalan ka Mataram ibu kota provinsi NTB di pulau lombok.
>
> Dugi ka mall, gorehel teh aya warung anu ngarana "Ikan Bakar Cianjur"
> atuh sapuk tah....sarerea rombongan teh, keur nyimpang ka eta warung. bari 
> jeung sarangah serengeh asa balik ka lembur (kaleresan kuring mah urang 
> Ciajur, cianjur kidul deuih)anu sanesna rupi-rupi. tasik, garut,kuningan, 
> pandeglang, purwakarta. karawang pilalagi ari Bandung mah nyayeud pisan.
>
> Ari blus ka jero ruangan, dipapag ku lagu degung hawar-hawar menika ajrih 
> pisan, reueus ngaran lembur kasebut di kampung batur. gerentes hate "tuh 
> tempo ngaran cianjur mapaesan lembur batur" bari gaya adean ku kuda 
> beureum kuring culang cileung neangan korsi kosong. warung cianjur nu 
> sahaaa....anu ngarasa agul saha..... he....he....he.....(karunya nya dasar 
> nineung ka lembur)
>
> Barang gek calik dina meja, bari raray marahmay someah kuring nanya ka 
> pelayan awewe, kabeneran geulis deuih jiga mojang ti urang da pakeanana 
> oge make pakean adat urang, kabaya sunda satengah
>
> "Nyi, aya naon wae anu tiasa di tuang ?" ceuk abdi bari nyerengeh
> jiga wanoh pisan.
>
> bari colohok budak awewe teh nanya make bahasa Indonesia
> "Maaf pak, Apanya yang harus dituang?"
>
> Galakgak teh, kabeh rombongan sabudeureun meja abdi nyaleungseurikeun bari 
> sing celengkeung ngagegeakeun.(biasa urang sunda sok lalanyot geuning)atuh 
> geuhgeuy didinya teh.
>
> " make bahasa indonesia atuh nanyana,da urang lombok mah teu ngartieun 
> basa sunda!" sihoreng budak awewe etateh urang lombok dibungkus kabaya 
> sunda.
>
> aya oge anu ngarengreakeun kuring: kieu cenah,"mbak, hati-hati yang 
> dibacakan tadi itu bacaan jampe pelet, karena bapak itu tukang pelet"
> (teu euleum-euleum etamah kang selamet)
>
> bari beureum beungeut nahan seuri kuring ngarasa kaisinan, balaham belehem 
> nyeungseurikeun polah sorangan anu belegug henteu nurut kana ucapan 
> karuhun, cenah geuning kieu ceuk kolotmah. sing inget kana Tata, Titi, 
> Duduga jeung Peryoga.
>
> Ari abdi, bakateuing ku reueus jeung gede hulu pedah ngaran kampung aya di 
> lembur batur. singhoreng teh rumah makan ikan bakar cianjur frenchice. 
> cenah.
>
> Pesen kuring kasadayana, dimana wae urang tong hilap kana Tata, Titi, 
> Duduga sareng Peryoga. hatur nuhun wilujeng shaum
>
> baktos
> Sabilulungan Sumbawa.
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>


Kirim email ke