Di nagara Theokrasi, nagara nangtukeun sagala rupana kaasup CARA IBADAH rakyatna, kaasup nangtukeun tanggal poe lebaran. Diluar eta dianggap teu sah, malah sakapeung nu teu satuju bisa dihukum. Sedengkeun di nagara nu deukeut-deukeut ka sekuler, nagara mere fasilitas keur ibadah (siga ngaliburkeun pas poe lebaran), tapi waktu ibadahna mah teu ngiket, gumantung kana kayakinanana, ngan meureun ari tanggal poe liburna mah, teu bisa sakahayang dirobah-robah.
Perkawis Akhmadiyah, Lia Eden jst, nagara ngahukum/ ngalarang maranehna , lamun teu salah mah ku alesan "sekuler" oge, nyaeta ngajaga kerukunan agama, penistaan agama jeung ketengtreman nagara. Jadi maranehna dihukum atawa dilarang nyebarkeun aliranana, lain kulantaran maranehna bakal asup ka naraka (alesan theokratis). Ari kayakinan keur soranganeun mah, nagara moal bisa pipilueun, jeung mustahil pipilueun. Contona nagara moal bisa ngahukum jelema nu teu puasa, sabab kumaha carana mariksa jalma nu teu puasa? Moal enya saurang-urang kudu di ronsen beuteungna? Kumaha carana mariksa kunyam-kunyem nu keur sholat make basa salian ti basa Arab? Dipasangan microphone oge, moal kareungeu. Nu terang eta mah mung Gusti Allah jeung jelemana .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > > Ari nyebutkeun nagara nagara sekuler kitu, tos biasa ngaduga da ti saprak > ngadeg ieu nagara oge tos puguh jujutanana, ngan mun nilik tina perkara > poenan lebaran anu beda mah asa bingung mun dikaitkeun jeung perkara sistim > anu sakuler. > > Si kuring teu pati apal anu disebutkeun sekuler nu sabelegenjeurna teh nu > kumaha, kusabab mun ngadurenyomkeun perkara ageman Islam, di urang anu > disebut sekuler teh masih keneh ngiket kana perkara dasar-dasar agama/sareat, > lamun tea mereun sekuler dina masalah agama nyangkut kana kabebasan > sagalarupana, atuh mereun Ahmadiyyah cungkelik cungkedang, Lia Eden jeung > ajaran2 sejenna nu ngaku âIslamâ bakal surak, sholat atuh teu kudu make > alfathihah ku basa arab, sanajan kekeuh ceuk urang âbenerâ tetep bakal > diubrak abrik tah, mun teu ku aparat nya ku rahayat sejenna, atawa saeutikna > diwawadian ku MUI yen nu kitu teh salah, tah nu kieu masih keneh nyongcolang > nepika detik ieu, hartina aya batasan-batasan dimana kabebasan (muhtalif) > jeung dimana katantuan anu eksak (tauqifi), ieu masih keneh atra jelas di > nagara urang, kitu deui dinagara lainna da nu puguhmah ieu geus bagianana > para pupuhu agama/ulama. >

