Ieu keur di jalan mudik ka ciamis gunungcupu. Posisi mobil di limbangan nu rada 
kacandet, saparantos tadi di. Nagreg oge saacana pinuh pisan. Sawareh make 
jalan altnernatif cijapati garut tea. 

Sangkan waas mudik make mobil nopol KT alias kalimantan timur nu anak mitoha 
andiw. Nu nyetirna andiw. Waas sabab kacipta jauhna mudik ti balikpapan ka 
ciamis. Cara nu dilakukeun adi panengah nu geus nepi ka lembur. Mudik siga urg 
amrik dina film home alone, make pesawat, bpn-jkt.  Ti jkt-tasik make kareta 
anyar tea. 

Ayeuna mobil eureun macet ti kulon pinuh. Ti wetan tiiseun. Tah maju deui euy. 
Cangkeul ku macet ngalahun budak nu poho cicing. Heuheu


Kirim email ke