Basa lebaran kamari ngahaja hayang panggih jeung babaturan sakola SMA baheula bari hayang ngilikan kurut gempa. Da geus lila pisan teu panggih, 7 taun. Gening loba imah nu bareulah di daerah ciamis kota mah, jiga di Benteng jeung Lembur Situ (Lebsi Tea). Bari mawa tekad rek ngabantu tina hasil ngumpulkeun papatungan jeung babaturan. Nya...lumayan lah, saperak dua perak! Babturan teh geus teu panggih salila 7 taun, aya nu geus mawa anak, mawa calon pamajikan jeung aya oge nu mawa baby sitterna. Ari kuring...datang teh nyorangan we.., da can aya jingjingeun. Waas ngumpul di Alun2 Ciamis pasosore, bari nguyupan es duwegan jeung udud. Hayeuh gogonyakan ngingetan deui kajadian 8-9 taun katukang, nu sok loba pikaeraeunana. Loba nu teu disangka parubahan babaturan, nu tadina tukang ngorong jiga kuring, ayeunamah jadi birokrat. Nu tadina sok di poyokan ASBUN (asal bunyi), ayeuna jadi guru SMA. Nu tadina loba ngomong ayeuna can boga gawe. Nu tadina judes, ayeuna geus jadi dokter..... Nu tadina sok disebut Tomi (Topi Miring= salasarebu merk MIRAS, baheula manehna sok mabok), ayeuna geus jadi perawat di RSHS.
wah......7 taun loba parubahan nasib... salam jangdede