> Surtiwa <surt...@...> wrote:
> Ha ..ha... eta nya jang nyoba ukuran bom tangan meureun..tapi 
> terus atuh bau
> taeun... Lamun enya analisa dugaan Dr Mumin bener..hartosna..eta
> dalang/arsitek palaku ngebom teh jalmi2 anu jiwana teu
> saimbang..asosial..

Bah, kabiasaan siga kitu teh, tiasa wae tina pangalaman munggaranana 
(pengalaman pertama). Nu tadina henteu kitu, tapi jadi deudeuieun kulantaran 
nyoba-nyoba atawa diperkosa/ dipaksa. Di Cianjur kungsi ditewak lalaki nu 
nyodomi sababaraha budak leutik, Dina pangakuanana kunaon manehna ngalakukeun 
kitu, kulantaran "deudeuieun" kungsi diperkosa waktu jadi TKI di Luar negeri. 
Kalakuan kieu siga virus, sang korban malah akhirna jadi pelaku ....

Aturan nu saklek teuing misahkeun  pergaulan jeung lawan jenis atawa tara 
papanggih jeung lawan jenis dina waktu lila (siga di panjara) bisa ngadorong 
mucunghulkeun "cinta" ka nu sajenis. Di tempat pangperangan/ tempat konflik 
tangtu we awewe jarang, ieu bisa ngakibatkeun kalakuan seksual nu nyalenggor 
jeung katambahan ku gedena "ketegangan" dina situasi perang/ konflik.

Matakna ayeuna jarang sakola-sakola nu ngakhususkeun narima muridna didasarkeun 
ku jenis kelamin atawa misah-misahkeun kelas didasarkeun ku jenis kelaminna. 
Kucara dicampur, jadi aya saling pengertian yen awewe teh sanes "mangsa" keur 
lalaki, atawa lalaki teh sanes "sato buas" nu siap-siap arek ngerekeb awewe. 

Baheula di Bandung aya sakola katholik nu ngan narima murid lalaki atawa  murid 
awewe wungkul.  Sigana ieu salah sahiji alesan, ayeuna mah robah narima murid 
awewe jeung murid lalaki. Tapi nu paling terang, para akhli pendidikan kana 
masalah ieu mah.

Eh jadi ngacapruks, keur teu ngantor, nyeri huntu mani nyanyautan ....

Baktos,
WALUYA
















  

Kirim email ke