> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
> Nya bade ngeunaheun bade henteu lain hartina kudu ngupahan 
> maranehna ku jalan nyalenggorkeun ieu hiji perkara TAYA HUBUNGAN 
> jeung kawasa Mantenna atuh bah, justeru asa kacida mun tea mah 
> geus jentre kajadianna bet di upah
> apeh yen ieu "kajadian alam" tea taya hubungan jeung pangawasa 
> Gusti,

Punten Kang, bisi jadi pitenah ka kuring, saha nu nyebatkeun gejala alam teu 
aya hubunganana jeung Gusti Nu Maha Kawasa? Coba diaos deui posting kuring nu 
awal-awal, tah dicutat deui sabagian:

"Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON ti 
Gusti Nu Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung datangna 
beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung garingna 
halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang. Gusti Nu Maha 
Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur BEBENDON ka manusa."

Naon sababna kuring teu satuju kecap BEBENDON keur kanu kamusibahan? di millis 
kisunda kuring nulis:

"Nu matak Bah AA, kunaon kuring teu sapagodos kana kecap BEBENDON/AZAB/ KUTUKAN 
kana kamusibahan. Sabab eta hak HAK PEROGRATIP Gusti Allah Swt. Urang pan teu 
terang maksad Anjeunna, na kunaon urang bet NGAHAKIMAN, ngalangkungan Gusti, 
nyebat eta BEBENDON/AZAB? Tapi ketang eta sakuringeun...heuheuheu"


Baktos,
WALUYA



Kirim email ke