Ngaos artikel akang, janten emut kana artikel anu kantos dipedar di Sinar 
Harapan 29 Nopember 1981. Didunya biologi tos teu bireuk deui ku istilah 
"Coolidge Effect", nyaeta hiji kaayaan dimana sang jalu anu tos seubeuh 
ngalayanan bikang tiasa timbul deui kahayangna upami dipasihan bikang anyar.
Asal muasalna istilah coolidge effect teh nyaeta dongeng waktos Presiden 
AS (1924-1929) Mr.Coolidge sinareng rombongan ngersakeun marios ingon2 nagara, 
Presiden sareng isterina henteu sa beus.Waktos rombongan ibu Coolidge 
ngalangkung kandang2 hayam, ibu negara naros ka petugas : "Naha hayam2 jalu 
dikawinkeun mung sakali dina sadinten ?"."Henteu ibu langkung ti dua puluh kali 
sadintenna !""Wartoskeun hal ieu ka Bapa Presiden".parentah Ibu presiden
Waktos rombongan Presiden dugi di kandang hayam, petugas ngadugikeun amanat Ibu 
Collidge yen hayam jalu ngalayanan bikangna langkung ti dua puluh kali.Presiden 
naros :"Ari hayam jalu teh unggal ngalayanan  jeung bikang anu sarua ?" "Oh 
heunteu Bapa, unggal ngalayanan sok jeung hayam bikang anu sejen" "Wartoskeun 
hal ieu ka Ibu Presiden" parentah Pa Presiden. 
Dongeng ieu dijadikeun hikmah ku psikolog/psikiater kanggo nganasehatan ka para 
ibu nu yuswana tos langkung ti 40 tahun supados tiasa ngajagi kaharmonisan 
rumah tanggana, ku jalan sapertos nganggo raksukan enggal nu ..,mondok di 
villa/hotel, tuang di restoran jrrd, pokona ngayakeun variasi2 anu enggal 
supados si Bapak ngaraoskeun situasi benten



________________________________
From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tue, October 6, 2009 2:26:37 PM
Subject: [Urang Sunda] [4S] Kuda Jalu

  
Sarombongan bapa-bapa jeung ibu-ibu ti kota piknik ka tempat agrowisata, kahiji 
peternakan kuda di tutugan hiji gunung. Maranehna dipandu kunu bogana 
peternakan, nu agul pisan kana kuda-kudana.

"Bapa-bapa miwah ibu-ibu, tingali kuda nu hideung meles itu, eta kuda jalu nu 
mampu ngalayanan bikang tepika lima kali sadinten!", Ceuk nu boga peternakan 
teh reueus.

Para ibu sing tingkecewis, bari terus ngaromong ka salakina:" Tuh Pa, lima kali 
sapoe!"

Bapa-bapana ukur ngahuleng, sadar kana sagala kakuranganana.

"Tah upami kuda nu bodas ieu mah, langkung luar biasa, sanggup ngalayanan 
bikang tepika sapuluh kali sadinten!", Nu boga peternakan nerangkeun, beuki 
tambah reueus.

Ibu-ibu beuki tambah ribut tingkecewis, nyararita ka salakina: "Tah Pa, sapuluh 
kali sapoe"

Kolompok bapa-bapa beuki asa kapeupeuh, ngan aya saurang nu ngagorowok: "Kang, 
kang, dupi eta sapuluh kali teh jeung bikang nu sami atawa benten-benten? "

"Nya sareng sapuluh bikang atuh!"

"Tuh Mah, jeung sapuluh bikang!", ceuk bapa-bapa teh ampir bareng.

Ibu-ibu: "??????"

Baktos,
WALUYA





      

Kirim email ke