Nuhun kang. Kaleresan si kuring mah dosen yayasan, sanes pns. Paspor bulao 
(blau, blue, biru) mah husus pns sareng pagawe bumn. Janten paspor hejo is the 
only choice I have. 

Punten nuju nginget2 basa inggris yeuh kanggo engke di Leiden. Punten we ka 
urang walanda, sanaos cenah kungsi ngajajah ratusan taun hindia belanda, basa 
resmina geus leungit, kari tapakna wungkul di urang ayeuna.

Milari tempat kos
Kumargi teu sukses milari nu kenal di leiden, kang syaifoel rahman -nu gaduh 
milis baraya sunda- teu di leiden tapi di kota asana wassenaar kitu,  jaba 
bumina nuju direnovasi cenah, nya antukna ka urusan housing universiteit 
leiden. Jalur kitu sok prosedural. Karek daftar kedah aya waiting list fee, 
100euro. 

Beasiswana can turun2, bingung we. Sanajan jadi gelandangan oge okeh lah. Tapi 
nyanghareupan winter mah, hate teu mere. Keur kitu teh, bus email ti finland. 
urut tatangga di antapani  nu ayeuna di finlandia, si riva tea, nawaran 
pangmayarkeun heula. Nuhun pisan. Da duit booking eta balik deui mun geus 
kontrak. 

Nya asa jadi ngeririweuh batur. Tapi si riva mere alesan yen engke manehna rek 
ulin ka leiden, rek ngendong. Da di hotel mah mahal cenah. Hehe. Cita2 manehna 
lucu, hayang ngalaman ngopi bareng jeung si kuring di eropah.  Meureun pedah 
kungsi dipapatahan prosedur sakola ka luar negreg.  baheula basa karek lulus s1 
ti HI unpar . Ayeuna tos lulus master, gawe di helsinki.

Travel insurance
Nyanyabaan ka negeri deungeun mah kudu sadia dokter rs sagala, nya ku cara 
meuli travel insurance alias asuransi ngumbara haha.



-----Original Message-----
From: gagak hideung <hide...@live.com>
Date: Fri, 9 Oct 2009 21:25:52 
To: Gagak Hideung<urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: RE: [Urang Sunda] visa haratis


Ngiring bingah mj, wilujeng angkat. Tong hilap oleh2na, kangge abdi mah cekap, 
mj mulih deui ka cihideung, kalayan salamet & sukses. Mj pamendak abdi mah, 
langkung sae paspor hejo, umurna panjang upami teu lepat 5 taunan, ari paspor 
bulao paling2 6 sasihan. Nganggo paspor hejo mah tiasa wareg uwah uwih nagara2 
asean, korea selatan  jjrd, bebas visa.Sareng ayeuna mah gratis fiscal asal 
gaduh npwp.

Di walanda mah, moal ngarumas ku kaemaman, nasi goreng pabalatak, sambara 
sambelan teu hese, ngan pangaosna mang, atuda kurs 1 euro mah ampir opat belas 
rebuan rupiah. Dupi di walandana di kota & tempat mana mang ?  

Wilujeng angkat, tong hariwang, moal hese masihan visa walanda mah.

  
Ngiring bingah

Gagak Hideung 


To: urangsunda@yahoogroups.com
From: ja...@itenas.ac.id
Date: Wed, 7 Oct 2009 10:06:49 +0700
Subject: RE: [Urang Sunda] visa haratis

  





 

Nuhun kang, oge nu sanesna.
Kamari oge petugas visa, ngawanti wanti, no hp kedah aktif terus cenah bisi aya 
wartos di kedubes walanda soal anggeusna visa, da kamari teh nyarios
Rencana ngapung 19 oktober tea. 
 
Peserta teh aya dua jinis, msiwa nu asalna dosen ptn sareng pns. Ari ptn mah 
ngangge paspor dines, biru. Ngadamelna kolektif ku urang dikti bkln. Si kuring 
oge nu sanes nu dosen yayasan nu biasa, hejo. Paspor visa nya wayahna, kudu 
urus sorangan. Hehe. Seuri we sanaos asa jadi WNI tere. hehe
 




From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf 
Of trias santosa
Sent: Wednesday, October 07, 2009 4:04 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] visa haratis
 
  







Wilujeng nungtut elmu mang J. Mugi sagalana lancar.
Biasana janjina kedubes mah sok nyokot kondisi nu panggorengna, jadi mun janji 
tanggal 19 Oktober eta teh paling elat. Pun bojo pernah dijanjian ku kebubes 
Jerman, Visa anggeus jero 3 bulan.... eh karek 3 minggu geus bisa diteang. 
Sok.. asal rajin nelepon we saminggu sakali. Sim kuring kantos nyeponsoran anu 
bade ka Jerman, tah sanggeusna surat2 permohonan Visa disetorkeun ka kedubes 
Jerman di Jakarta, teu kungsi lila, sim kuring didieu meunang surat via pos ti 
"Auslander Behorde", anu kudu dijawab paling elat 2 minggu, teu di 2 
minggukeun, harita keneh ku sim kuring dijawab via pos oge... eh enya bener, nu 
di Bandung atoh, visana anggeus 2 minggu miheulaan janjina kedubes.

Wasalam,
Trias.
Ti Toulouse isuk ngadeukeutan deui Walanda, terbang ka Hamburg.   
Alhamdulillah, kumpul deui.
--- On Tue, 10/6/09, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:

From: mj <ja...@itenas.ac.id>
Subject: [Urang Sunda] visa haratis
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: kisu...@yahoogroups.com
Date: Tuesday, October 6, 2009, 12:31 AM

  

 

 

 








                                          
_________________________________________________________________
Windows Live: Make it easier for your friends to see what you’re up to on 
Facebook.
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_2:092009

Kirim email ke