Assalamu’alaikum Wr. Wb.


 


Daramang baraya? Abdi seja nganuhunkeun ka :


 


1.      Allah
SWT nu parantos maparin ieu cocobi, panginten mana dipaparin ge abdi dianggap
sanggem mayunanana. Sanaos kantos rada “nyeuneu”,  diemut, dibulak-balik, 
dibeuweung lajeng diutahkeun,  Alhamdulillah tiasa rerep
deui. 


 


2.      Baraya
Kusnet nu parantos ngabantos ngarojong, ngupahan, ngabeberah manah, masihan
sumanget,  sareng sajabina ka abdi
ngalangkungan email japri, SMS sareng YM, anu nyasatna murudul ampir unggal
dinten waktos sim abdi "kenging cocobi". Tetela di ieu milis teh sim
abdi henteu cuang-cieung... I love u full baraya!


 


3.      Teu
ngirangan rasa hormat abdi ka Kang Yaya nu parantos masihan jamu “kuat kaera”
sari Temulawak nu matak sehat kana awak. Sakali deui abdi neda dihapunten
samudaya kalepatan lahir sinareng batin, dunya wal akherat (meungpeung teu acan
seep Boboran Siam
1430H). 


 


CAIYO!


Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


Roro. 




      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Reply via email to