Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung. Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu, Sueb : "Sok sia rek maling naon?" Copet: "Heunteu mang," Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing." Copet: "..?@/???Ehm..."
Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. tapi tisabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae, tayohnamah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh, tuluy wae ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh.nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun tuluy di asongkeun kabudakna bari tuluy dirungkupan ku samping. teu kosi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena "ngalaleueut a ......"

