Maksudna boa teh ulang boga adat suudon. Ngan ukur nganiley mun aya us jadi
inohong di jkt sok malik, naon si eta gawena atawa ketakna pikeun kasundaan.
Siga urang nu nyaho kabeh ketak urangsunda. Ari cek si kuring mah ku jadi
inohong oge, jadi jelema, geus cukup, keur saheulanana, dina ieu konstestasi
nasional, bersaing jeung seler sejen. 

 

Bahwa aya urang sunda jadi menteri nya nuhun, milu reueus. Sanajan teu
ngaruh ka diri pribadi (biasana urang sok ngukur diri pribadi, cara saha oge
walikota bandung atawa presiden teu ngaruh pikeun nasib diri sorangan -sikep
fatalis nu ngagadekeun nasib ka pamingpin, padahal urang oge dibekelan akal
jeung boga pangeran nu leuwih nangtungkeun). 

 

 Baheula nyieun kaos make basa sunda, teh mun make konsepna mah kampanye
reueus sunda. Sugan ku reueus timbul kacinta. Tangtu teu langkung
masing-masing da si kuring oge teu boga kahadean pikeun susundaan. 

 

Sugan bisa ngadorong nu sejen sangkan bisa ningkatkeun prestasi. Cara carita
taufik hidayat bah willy dina badminton, nu kapangaruhan ku iis sumirat. 

 

Model kang Yaya di Korea atawa kang Herman di IAEA, sanajan teu loba (boa
loba, ngan urang teu nyaho) pikeun conto yen sabenerna urang oge bisa.
Pikeun nyumangetan bangsa nu cenah pareumeun obor. Da boa oborna oge teu
kungsi boga. Haha

 

Geus heula ah, keur neangan tempat kos di leiden, insya alloh kemis hareup
ngapung

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Dudi Herlianto
Sent: Friday, October 23, 2009 2:10 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us

 

  

tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal
ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa
regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari
kahayang ieu "milis" teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana
wungkul?

naha ngobrol di dieu teh ukur nepi ka sakadar reueus? 

kitu deui perkara nganiley malire henteuna kana sunda, nu kabaca ku kuring
mah, jiga analisisna kang agus paku tetep hade, sakuduna dilobakeun. sugan
we ka hareupna urang bisa nimu ketak kasundaan si inohong. komo mun dibarung
ku kanyahoan yen sby milih inyana teh salasahijina kulantaran ketak eta.
barina oge da dina enyana ge si eta tokoh boga katineung bari urang teu
nyaho naha nu disalahkeun urang? di dieu memang euweuh nu salah, nu jadi
kahanjelu kuring mah, mj, (nya pedah anjeunna nu nyarios kuring nyieun
balesan ieu, da dihenteu-henteu ge beliau teh kuncen di dieu) nu jigana mah
sarua teu nyahona kana katineung sang menteri urang sunda kana sunda, ukur
nyieun pernyataan samodel kitu. boa maranehna baroga katineung, cenah. ukur
boa!! kuring mah inggis ku mj nyieun pernyataan cara kitu, urang bakal
anggeus ngomongkeun urang sunda jadi menteri ukur semet ka sakadar reueus!!!

sakitu we heula....

dudi
kubunuh waktu kuhidu bau tubuh busuknya

2009/10/23 Waluya <waluya2...@yahoo. <mailto:waluya2...@yahoo.co.id> co.id>

  

> "mj" <ja...@...> wrote:
> Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa 
> maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can 
> tangtu. Boa maranehna
> ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. 

Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan sunda anu DIANGGAP
sacara nasional, komo lamun internasional mah. Perkara "malire sunda"
henteuna mah gumantung kana naon profesina. Tuafik Hidayat nu jago badminton
kelas dunia, tanggtu we rada hese dipikareueus lamun make kriteria malire
Sunda mah, sabab nu dipalire ku manehna mah jelas-jelas kok jeung raket
...hehehe. Taufik Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh jago-jago
badminton nu tiheula asal sunda siga Iie Sumirat.

Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga "kareueus" ka
nu boga prestasi, akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang sunda sejenna pikeun
boga prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu kadorong ku
prestasina Iie Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek kaluhur, lain
reueus, tapi kalahka hayang murangteng. Leuheung lamun nu dipurantengan teh
kuateun. Lamun teu kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh....

Baktos,
WALUYA

_,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Kirim email ke