Teu kudu sieun kang, boga bedog kan ? he..he..he..

Lamun disebut urang sunda teh anu bisa ngomong sunda, ya ... gimana ya... kumaha lamun Mr. Obama tiba-tiba datang ka urang, bari pok nyarita :
"Puunnnteeennn, ceu ocihna aya ?"

hayo lho, mau ngomong apa he..he..he..

terus deui, basa sunda taun 2009, jeung basa sunda taun 1909, jeung basa sunda taun 1809, jeung basa sunda taun 1709, jeung basa sunda taun 1609, jeung basa sunda taun 1509, jeung basa sunda taun 1409, jeung basa sunda taun 1309, jeung ... halah cape he..he..

basa sunda unggal jaman, sarua teu?

opiq_benteng wrote:
Lier ah....
Tadina milis ieu jang ocon oconan,naha jadi sararius kieu...
mani sien ah...
Jati diri urang sunda nu aslimah ngan hiji....
MUN NGOMONG BISA BASA SUNDA.......
sanes kitu kang Irpan?

----- Original Message -----
From: Irpan Rispandi

Bah Nis,
kuring can ngarti maksud poin ka-2, naon hubunganna jeung kapercayaan kana karuhun. Naon hubunganna males mikir jeung karuhun.

Terus, ngeunaan jati diri. Sunda salaku suku/bangsa, geus ngaliwatan mangpirang-pirang alam jeung waktu. Pikeun ngabahas jati diri hiji suku/bangsa, urang kudu nangtukeun heula 'bingkai waktu'na.
misalna kieu :
"Jati diri urang sunda ti jaman Taruma Nagara nepi ka Jaman Pajajaran", jsb.

Naon sabab?
sabab 'Jatidiri', salah sahiji komponena nyaeta kapercayaan. Sedengkeun kapercayaan, lain hiji hal anu kekal, salawasna robah. Jaman pra-tarumanagara, meureun eta jaman animisme dinamisme. Jaman Tarumanagara nepi ka Pajajaran, eta jamanna Agama Hindu. Jaman pasca Pajajaran runtuh nepi ka ayeuna, eta jamanna Islam. Terus deui saha nu nyaho, misalna jaman pasca Perang Dunia III, eta jamanna "Scientology", jeung saterusna.

Sahingga lamun urang rek nyebut "Jati Diri Urang Sunda", urang sunda anu mana bah Nis?
urang sunda jaman pra-tarumanagara?
urang sunda jaman pajajaran?
urang sunda jaman penjajahan?
urang sunda jaman SBY?
urang sunda jaman Star Trek?
atawa urang sunda jaman mana?

Yahoo! Groups <http://groups.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTJkanJkajBxBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BHNlYwNmdHIEc2xrA2dmcARzdGltZQMxMjU2Mjc3NTcw>



Kirim email ke