haha...pangalaman teh lucu. tadi jam 9an ka kantor prof peter nas, supervisor si kuring. meneer nas menta si kuring presentasi research proposal (nu teu boga, ngadadak nyieun isuk2, diprint di akbar, msiswa s2 islamic studies, urang uin jkt.
beres presentasi-bari diskusi kumaha terusna, bari dikenalkan ka dosen2 fakultas ilmu sosial insitut antropologi budaya & pembangunan sosial (meureun kitu basa urangna), terus ngajak ka perpustakaan KITLV. samemehna nelpon robert wessing nu keur cenah keur aya di den haag (walanda nyebutna de hague) rek ditepungkeun jeung si kuring, tapi keur teu aya. telepona teu diangkat. terus ngajak ka perpustakaan, dibonceng dina sepeda. asalna mah nolak, wios pa, abdi mah bada kana bis kota atanapi leumpang (aslina basa inggris). si prof nyarita, sok naek, da biasa di belanda mah. haha. asa jadi anak tk dibonceng bapana. ongkoh sepedahna rada pendek. hehe hanjakal teu kaburu menta batur moto

