hayang kasep, hayang beunghar, jeung hayang pinter cenah.. hihi (alah siah
jadi betus tah seurina, hampura kang adit nu bagus nya)

kasep, beunghar, jeung pinter cek kuring lumpatna ukur ka babandingan. teu
kasep, teu beunghar, jeung teu pinter eta teh hasil ngukur ka nu lian, sabab
ningali nu sejen leuwih kasep, leuwih beunghar, jeung leuwih pinter.

sabalikna lamun urang bisa narimakeun kakasepan, kabeungharan jeung
kapinteran keur urang sorangan mah da kabeh ge bisa kasep, bisa beunghar,
jeung bisa pinter.

---
sssttt kang adit kuring boga tips, sabenerna mah mun hayang, utamana,
kakasepan urang jiga nu sejen jaman kiwari mah gampang pisan. misalkeun,
lamun kang adit hayang kasepna jiga kuring, hal ieu gampang kacida keur
kalaksanakeun, tempelkeun we gambar kuring di potopropil pesbukna kang adit,
jadi tah kang adit kasepna jiga kuring. keukeukeuk

beuki lieur-lieur tah...

2009/11/9 A Gunawan <rotan...@yahoo.com>

>
>
> Ulah ah,,sasama Adit ulah maot atuh.. Pedah naon ieu teh? Meni palaur
> kieu..sagala pasualan pasti aya bongbolongan, tangtu aya jalan keur
> ngungkulanana.. Tarekahan bae kang,,
>
> Baktos
> AG
>
> --- On *Mon, 11/9/09, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>* wrote:
>
>
> From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
> Subject: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Date: Monday, November 9, 2009, 3:11 PM
>
>
>
> lain kuring mah jadi hayang seuri kang euy, ngan sieun lamun dibetuskeun
> bisi enya serius ieu jejer imel teh. keh kuring ngilu kabuad kabaud mun
> pulisi manggih bugang akang geus ngajehjer, ngababatang butatayan.
>
> ngingetan wungkul, di dunya sagala rupa lain milik urang sorangan. peunggas
> harepan, sumanget hirup urang nu geus teu kapiboga terus maehan sorangan
> bakal rambat kamale ka nu sejen. keun lah nu disanghareupan ku akang di alam
> kubur sanggeus akang maehan sorangan mah urusan akang rek disiksa atawa
> disenangkeun ukur akang nu ngarasakeun. ngan cek kuring, akang kudu inget nu
> aya di dunya, nu ku akang bakal ditingalkeun, kolot, adi/lanceuk, dulur,
> sobat, baraya, kumaha sarediheunana, kumaha eraeunana aranjeunna
> dittinggalkeun paeh ku kang adit...
>
> heueuh da mun mikiran kaegoisan sorangan mah uing ge hayang nurutan kang
> adit, hayang ngilu boga kahayang paeh!!! jeung naon hirup ukur ngagugulung
> kabingung jeung kasusah lin? ngan lamun ras awak urang teh lain boga urang
> sorangan, aya boga kulawarga, boga sobat eta kahayang ku kuring disieuhkeun,
> asa kasadarkeun geuning kuring masih boga kulawarga, masih boga sobat!
> geuning kuring teh ngabohongan sorangan mun asa teu boga nanaon pisan
> mah....
>
> lieur lieur tah...
>
> 2009/11/9 Bagus Aditya <aditya_luizer@ 
> yahoo.com<http://mc/compose?to=aditya_lui...@yahoo.com>
> >
>
>>
>>
>> Sakunyung-kuyung leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal.
>> NYadar pisan boh sim kuring teu boga nanaon di dunya iyeu.
>> Rupa teu Kasep, Harta Teu Boga, Otak ge teu pinter.
>> Ayeuna urang ngarasa bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur
>> hirup.
>>
>> Tulungaaaaaaaaaaaan n Uing Barayaaaaaaaa. !!!!!!!!
>>
>>  ._,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Reply via email to