wilujeng siang ka sadayana,

abdi gaduh 2 murangkalih (istri), ayeuna kelas 2 & 3 SMA lumayan palinter di 
sakolana di Batam. Hoyong nyakolakeun kanu langkung luhur, mun tiasa mah di 
luar nagri tapi abdi teu gaduh biaya da rejekina reup-bray wae salami damel 
'ngamen' mah...

manawi diantawis dulur2 aya nu tiasa ngabantos milari beasiswa? nu kelas 3 teh 
hoyong ka Jepang cenah, nu alit mah kamana we cenah, duanana mun diajak ngobrol 
nganggo basa inggris ge ngartoseun.

sakitu we heula, hatur nuhun sateuacanna.

baktos,
BUN - Batam

Kirim email ke